Entri Populer

buruan

Sabtu, 08 Januari 2011

Ulah Haget Sambel


Nungkulan anakna Ki Sobat, Kang Rèsna anu keur ngajatukramikeun anakna di Cibeureum Ciremè, tètèla jadi tempat silaturahmi anu teu disangka-sangka. Sobat-sobat babarengan nguseup, ngadu bako jeung nu sèjènna kalayan teu dihaja brug-breg, silih cacapkeun kasono. Tètèla anu diobrolkeun tèh teu jauh, ngeunaan sèpak bola, hususna PSSI anu keur dilatih ku Alfred Riedl tèa. Sèpakbola urang anu ayeuna keur “nyongcolang” tètèla geus jadi sabiwir hiji, lain waè di warung kopi, kantor dalah di nu keur hajatan ogè teu leupas tina nguruskeun kasawelasan urang anu keur nguniang hudang bari tuluy lumpat tèa. Lagu Garuda di dadaku karangan Band Nètral, jigana tèh keur naèk daun, marengan prestasina Firman Utina spk
Olah raga tètèla bisa ngahudangkeun rasa jeung sumanget kabangsaan tur mopohokeun sagala karudet, boh anu sifatna pribadi, rumah tangga, atawa nasional. Jigana dina bulan-bulan ieu mah, kaceuceub ka Gayus tèh, rada kapopohokeun ku majuna PSSI ka final, komo bari jeung bisa jadi jawara ka hiji, bisa ngèlèhkeun kasabelasan Malaysia. Nitènan ka palebah dinya mah, rada reueus jeung reugreug ogè, sabab kanyaah ka bangsana, geuning masih kènèh gedè. Miangna para panongton Indonèsia ka Bukit Jalil di nagara tatangga, geus pasti merlukeun pangorbanan anu teu saeutik, geus puguh duit mah, boh keur meuli karcis, atawa ongkos naèk kapal udara. Samangsa keur nyanghareupan Piliphina di partèy satengah final, pan aya diantarana anu nepi ka ngajual embè, ku hayang-hayangna nongton (ngarojong) kasawelasan anu dipikacintana. Dulur-dulur anu ti pulo sèjèn kayaning Sulawesi, Kalimatan, Papua, Sumatra, Bali jeung Lombok ogè, ngaluarkeun waragad anu teu saeutik tina pèsakna tèh.
Jigana mun sakabèhna boga kasempetan (utamana mah boga duit) mangsa Firman Utina spk, ngalayanan Malaysia di Senayan dina tanggal 29 Dèsember anu bakal datang, hèg Stadion Gelora Bung Karno, eusina nepi ka 500 rèbu urangna, pasti pinuh ku nu narongton. Sabab ceuk bèja dina Koran jeung tipi, karcisna tèh geus èrèp, boh anu dijual langsung atawa ngaliwatan on line. Sababaraha kali nyobaan muka situs PSSI tètèla teu bisa dibuka, jigana mah ngahaja, ditutup pikeun samentara. Eta tèh nandakeun yèn sabenerna kacintaan masarakat ka nagarana kacida gedèna.
Anu dipiharep tèh, boh mangsa tandang di Malaysia atawa èngkè keur di GBK, para panongton ti dua beylah pihak, teu nyieun paripolah anu matak nyidraan lumangsungna pertandingan. Sabab jadi jawara ku cara-cara anu teu sinatria, bakal ngurangan nilèy kameunangan. Kituna deui rojongan anu sakitu hèbatna tèh ulah nepi ka tibalik jadi tamiang meulit ka bitis, mangsa kasabelasanana bobor karahayuan, teu bisa nyuguhkeun anu dipikahayang ku para pangrojongna.
“Enya mugia wè, harepan bangsa urang tèh bisa kawujudkeun ku Jang Markus saparakanca nya,” saur Ki Madi basa papanggih di Saung Sukadamai, harita meneran aya pangocokan arisan.
“Nya alusna mah urang du’akeun wè ku sarèrèa, sangkan kasebelasan urang unggul jurit,”cèkèng tèh mairan.
“Tah Ki, upami dilarapkeun kana kayaan kahirupan mah, atra pisan yèn lamun urang gawè daria, soson-soson, rejeki mah bakal nuturkeun. Ceuk karuhun urang tèa mah geuning ulah pupulut mèmèh mantun, atawa sepi ing pamrih ramè ing gawè.”
“Maksudna kumaha tah?”
“Geura wè talingakeun, mangsa kasabelasan urang ngèlèhkeun Piliphina pan nu marèrè duit tèh geus juljol, komo deui lamun napi ka jadi juara mah moal teu banjir ku bonus tah para pamèn urang tèh nya Ki.”
“Enya ngan ulah nepi ka cul dogdog tinggal igel, tah,”ceuk Aki Madi, Sabab loba kènèh pasualan bangsa anu kudu diperhatikeun, ti mimiti urusan hukum, pendidikan, èkonomi kasèhatan, pangangguran jeung nu sèjènna. Tah saentas “hajatna” bèrès, kabungahna geus mimiti ngurangan, pancèn sèjèn geus ngadagoan.
“Enya atuh Ki, sarèrèa ogè apal kana tugasna sèwang-sèwangan, ieu mah ukur sagebragan, atawa haget sambel tèa.”
“Alusna mah prestasi kasabelasan urang tèh ulah haget sambel, tapi kudu nanjeur terus, ti mimiti juara Asia Tenggara, terus ka Asèan, tungtungna nepi ka sadunya. Ulah ngan semet nepi ka dieu wungkul>”
(Tina Jurnal Bogor)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar