
Sorè-sorè kira-kira jam opat, Keur ngahuleng di tempat parkir Dinas Penidikan Kota Bogor, mikiran ban motor anu kempès, teu sakara-kara reuwas kaliwat saking, boa lamun boga panyakit lemah jantung mah, nepi ka sawanna. Rèk teu kitu kumaha geura, aya nu ngadurugdug ka tempat parkir bari sorana nyaruaan kapal jèt, sakapeung jiga sora heuleur pare. Ceuk pikiran anu keur ngalamun, jigana tèh mobil kaluaran taun panganyarna sabab cètna ogè belang-belang, malah lamun diperhatikeun make aya motif batik sagala. Sanggeus diperhatikeun tètèla èta tèh mobil saljuna Mama Arief Hidayat, ahli dongèng anu kaceluk ka awun-awun, kakoncara ka janapria. Rada hèlok ogè sabab mobilna tèh geuning salin jinis mindah rupa, utamana mah cètna.
“Kumaha tah ayeuna Si Salju tèh, gandang nya?” pokna tèh bari tuluy ngajak sasalaman. Kuring teu langsung nèmbalan, rada bingung puguh ogè. Ari dienyakeun, sarua jeung ngabinihkeun bibit munafik dina jero hatè, mun ceuk kasarna mah beungeut nyanghareup ati mungkir. Lamun disebutkeun saècèsna, diterangkeun sacèwèrèlèna, sok sieun anjeunna kasigeung.
“Pokona mah bèda lah jeung nu baheula,”cèkèng tèh.
Mama Arief Hidayat, jigana pikeun generasi sajaman kuring jeung saluhureun kuring mah pada nyaho, inohong dongèng anu taya duana. Komo keur jaman anjeunna keur ngadongèngkeun lalakon Si Riweuh mah, pan loba para ibu, ngarèngsèkeun masak samèmèh waktuna. Tujuanana taya deui hayang rinèh mangsa ngadèngèkeun dongèng anu diasuh ku Mama Arief Hidayat. Teu budak teu kolot, teu nini-nini teu aki-aki ting darepong di tepas imah, ngarariung radio dua band.
Dina urusan ngamumulè budaya Sunda, hususna basa, Mama Arief, sanajan yuswana geus teu kawilang anom deui, panginten ayeuna langkung ti tujuh puluh taun, sumangetna teu pernahna ngirangan. Disarengan ku istrina, Mamah Adè, ngagunakeun Si Salju singgetan tina asal maju, anjeunna satia mendakan para pangdanguna ku dongèng Sunda. Mama, kaasup seniman anu sepi ing pamrih ramè ing gawè, teu pernah mikirkeun naha bakal jeung kudu dibayar sabaraha. Anjeunna ogè, teu kaasup kana golongan jalma-jalma anu ngalobakeun tiori wungkul, nu mèpèndè ku ranggeuyan kalimah hade ngahareupkeun taktik kembang biwir. Enya, ari nyarios mah jiga nu enya, nyaah, malirè jeung rèk ngarojong kana budaya karuhunna, mangsa diperedih panulungna, api-api teu ngadèngè.
“Ih lain Asbun ieu mah. Kasaksian pisan ku panon sorangan, mangsa aya pintonan kasenian Sunda jeung aya kagiatan seni lukis, pan ti rèngrèngan èta mah taya nu sumping,” saur Ki Madi bangun neuteuli. Saentas salami 30 taun teu ngadongèng, hatèna kasuat deui, mangsa terangeun yèn nu ngagunakeun basa Sunda tèh ngan saukur dua puluh persèn.
“Lamun taya lèngkah anu daria ti ayeuna, boa moal nepi lima puluh taun, basa Sunda tèh bakal carem sabab nu ngagunakeunana beuki dieu beuki ngurangan. Sabab salah sahiji sarat sangkan basa langgeng tèh loba anu ngagunakeunana,”walerna basa ditaros naha kersa ngadongèng deui. Pikeun anjeunna, ngamumulè basa Sunda jeung budaya karuhun sèjènna, geus ngagetih ngadaging. Sabab, dina prak-prakan ngamumulè tèh katingalina pinuh ku rasa ihlas tur didasaran ku kabagyaan. Mama Arief anu dua taun kaliwat mah jiga nu nguluwut pinuh kabingung, ayeuna mah ngajanggèlèk jiga anu ngora deui. Saur Ki Madi mah, tètèla ubar kahirupan tèh lain ngan saukur ku lobana dunya wungkul, aya deui nu sèjènna, nyaèta kapanggih jeung dunya anu dipikaresepna.
“Jadi lamun urang hayang langgeng dina hiji pagawèan, panjang umur, salian ti neda ka Gusti Allah tèh, istiqomah tur mikaresep jeung mikadeudeuh kana pagawèan anu keur digugulung,”saurna. Lamun hiji pagawèan geus disanghareupan ku luhlah jeung crukcrek, geus pasti hasilna moal bener, sabab sarua jeung teu narimakeun atawa tegesna mah teu nyukuran anu dipaparinkeun ku Allah.
“Jadi kèdah kumaha atuh Ki,”cèkèng tèh panasaran.
“Nya tarimakeun wè, malah alusna mah ngahareupkeun gawè nu bener ti heula, da rejeki mah pastina ogè nuturkeun, cohagna mah ulah pupulut samèmèh mantun, gorèng tatèh sabab miheulakeun hak tibatan kawajibanana,”pokna tatag pisan.
“Insya Allah, Ki dièstokeun pisan.”
“Tah kitu atuh.”
(Tina jurnal Bogor)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar