Entri Populer

buruan

Sabtu, 08 Januari 2011

Joki


Lamun tèa loba anu nyebutkeun, salah sahijina Eèp Saefullah Fatah, urang Cariu anu jadi tokoh Nasional, yèn bangsa urang tèh kaasup bangsa anu araranèh, beuki dieu tèh beuki kabuktian. Salah sahijina dina widang hukum, sababaraha bulan katukang, “Abang Gayus” kungsi ngageunjleungkeun, sabab sawaktu di jero panjara bisa kènèh pelesiran ka Bali, ngadon nongton tènis. Untungna aya anu manggihan ku salah sahiji wartawan, bari tuluy dipoto, coba lamun nepi teu kapanggih ku wartawan. meureun simpè wè nya. Eh, kabèhdieunakeun majarkeun tèh aya nu manggihan lamun Gayus ogè, cenah kungsi ka Singapura, ngan hanjakalna teu kungsi nepi ka dipotona. Sanajan ku Gayus, bèja èta teu diaku, tapi duka teuing kabèhdieunakeunana mah. Sabab sanajan potona geus nyampak ogè, angger wè, mimitina mah teu diaku pan nya.
Kaduana, teu jauh-jauh di urang sorangan, pan urusan anu Rp 570 juta tèa, jumlah “duit rahayat” anu nepi ka ayeuna can kapanggih raratanana. Ceuk Ki Madi lamun tèa mah duit anu sakitu gedèna tèh dibeulikeun kurupuk anu hargana 500 pèrak, bisa 1140 rèbu kurupuk, jigana bakal kabagèan tah. saeusi Kota Bogor mah. Jigana lamun langsung meuli ka pabrikna mah, pastina meunang diskon. Tapi kètang, ulah waka suudzon sabab keur dipaluruh kènèh, wayahna wè rada sabara (teuing nepi ka iraha?).
Samèmèhna anu paadu regeng tèh, antara Pertamina jeung Kementrian Perindagkop, ngeunaan tabung gas ukuran tilu kilogram anu remen meledug, nepi ngabalukarkeun ayana korban, boh anu tiwas, atawa tatu parna.
Anu keur ramè matak guyur salelembur, èar sajajagat, jadi sabiwir hiji, nyaèta Joki atawa anu ngagantian. Joki lamun numutkeun ètimologi basa mah tukang numpak kuda, boh kuda balap atawa kuda biasa. Tapi sajalan jeung kajadian-kajadian anu aya di urang, basa èta tèh hartina jadi robah, Bisa jadi panumpang pikeun nyukupan panumpang di jalan anu dilumakukeun Three in One, ku jalan nawarkeun jasana milu kana mobil anu panumpangna kurang ti tilu. Atawa ngagantian jalma dina ujian asup ka paguron luhur, anu baheulana katelah sipenmaru anu ayeuna jadi UMPTN. Tètèla anu bisa dijokian tèh lain ngan saukur dina ujian asup ka paguron luhur, tapi narapidana atawa anu keur dibui ogè geuninng bisa. Sakumaha nu lumangsung di Lapas Kelas II Bojonegoro, Jawa Timur.
Kasiem anu sakuduna dipenjara atawa ngajalankeun sèsa hukuman salila tujuh bulan, kulantaran kalibet ku kasus bersubsisdi tèa, digantian ku Karni kalayan dibayar ku duit anu lobana Rp 10 juta. Geus kitu, dua instansi anu dianggap baroga tanggungjawab tèh kalah silih salahkeun, bangun anu ngumbah leungeun. Ceuk itu tanggung jawab èta, ceuk èta tanggung jawab itu. Lamun kitu ayana saha atuh anu kudu tanggungjawab, atawa pihak mana anu sakuduna tanggungjawab?. Sanajan dina kanyataanana taya urusan duit, tapi sakurangna jadi mangaruhan kumaha kayaan rèkèpna di nagara urang.
Mugia wè ieu tèh, bisa jadi pangajaran anu kacida berhargana pikeun aparat hukum di nagara urangnya.
Baheula, mah, aya ogè lain kawas kitu, nyaèta sawaktu Raja pangahirna Pajajaran nyaèta Prabu Nusamulya atawa Ragamulya Suryakencana anu marèntah salila 12 taun (1567-1579 M) pikeun nyalametkeun dirina sawaktu dijorag ku pasukan Banten, kungsi aya nu niru anjeunna nyaèta Senapati Kumbang Bagus sareng istrina , Purnamasari anu lumpat ka wewengkon Kidul pikeun ngalenjokeun pihak musuh bari nyalidungan raja. Pragu Ragamulya sorangan sareng permaisuri lumpat ka hiji tempat anu dirahasiakeun tur nyingkur anu saterusna manurajasuniya. Dina sajarah dicaritakeun yèn raja pangahirna Pajajaran ieu nyepi di Gunung Gedè anu ogè dingaranan Seda Kancana, atawa tempat pangreureuhan ahir Prabu Suryakancana. Tah saencan papisah jeunh rombonganana anjeun mesen ka sakabèh rombangan anu mangrupa wangsit anu ayeuna katelah jadi Wangsit Siliwangi tèa. Carita ieu kacatet dina Pustaka Nusantara III/I jeung Nagara Kretabumi ½ .
Jadi Senapati Kumbang mah pastina lain joki, sakumaha anu keur diributkeun ayeuna. Tapi bèbèla ka dununganana. Sanès kitu lur ?
(Tina jurnal Bogor)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar