Entri Populer

buruan

Jumat, 28 Januari 2011

Paririmbon


Teu ngahaja ulin ka Terminal Bubulak tèh, turun tina Beus Trans Pakuan,anu ACna geus kurang tiis, kalahka naèk kana tangga anu ka terminalkeun. Beunang disebutkeun ukur nuturkeun indung suku. Kayaan di Terminal Bubulak, teu jauh bèda ti baheula, jaman keur nambangan kènèh. Mangsa keur tengah poè, kacida panasna, lamun aya angin nu ngahiliwir tèh, selengseng wè bau hangseur. Sabab loba kènèh supir anu leuwih resep maseuhan banna ku cikiih.
Padahal wewengkon Terminal disadiakeun toilet boh pikeun kahampangan atawa kabeuratan. Kabiasaan kitu tèh jigana geus ngagetih ngadaging, hèsè pisan di robahna. Tapi kètang teu henteu sakabèhna milampah kitu, utamana mah anu , ngajalankeun lima waktu. Pan meureun lamun pareng keur “maseuhan” ban tèh, bisa jadi cai najis tèh kana calana, komo deui lamun nepi ka di kumbahna tah, panakol bedug tèh. Padahal dina salah sahiji hadis disebutkeun yèn anu teu ngumbah laranganana mangsa tas kahampangan, di ahèratna bakal meunang hukuman anu peurih kacida. Sakumaha diriwayatkeun dina Hadist Bukhori ti Ibnu Abbas ra. Anjeunna nyarios, sawaktos Kangjeng Rosul ngalangkungan dua kuburan, mantenna ngadawuh saenyana duanana keur disiksa, jeung duanana henteu disiksa dina kaayaan anu beurat (keur maranèhanana) tapi perkara anu cukup beurat(dosana). Nyaèta salah saurang diantarana, kusabab teu daèkeun meresihan dieina tina cai kahampanganana sorangan, sedeng nu hiji deui sok ngadu-ngadukeun.
Katempo di Beulah Kulon, aya babaturan samangsa keur narik huleng jentul handapeun tangkal bangun nu bingung.
“Kuanon euy bangun nu loba pikran?”cèkèng tèh sanggeus diuk di gigireunana.
“Puguh ti isuk hate, ngan seseblakan wè, kira-kira aya naonnya?”
“Atuh nu kitu mah kudu nempo paririmbon heula,”tèmbal kuring bari seuri.
“Naon tah paririmbon tèh?”
“Pituduh ngeunaan kajadian-kajadian anu aya patalina jeung kahirupan urang, tur tanda-tandana aya di diri urang, misalna seseblakan, kekedutan, ngimpi. Ah pokona mah rèa wè. Ayeuna mah geus arang nu makèkeun. Tah kamari mah mangsa Porkas aya kènèh, anu resep kana angka mah, bogaeun. Cenah mah nèangan rejeki tina ngimpi tèa.”
“Oh, nu kitu. Kuring mah percaya teu percaya tatèh. Lamun pialuseun nya percaya bari didu’aan. Lamun pigorèngeun mah tara dipikiran ieuh. Komo keur mawa mobil mah, matak picilakaeun,”tèmbalna tèh. Paririmbon tèa, sanajan di dunya kiwari beunang disebutkeun katinggaleun jaman, tapi aya kènèh anu mercaya. Tapi sadarna tèh saentas kajadian, misalna mangsa ditinggalkeun maot ku dulurna.
“Paingan atuh kamari euceu ngimpi punglak huntu Beulah handap. Teu sangka adi euceu pondok umurna,” pokna tèh bari rawah-riwih basa dibèjaan ku dulurna nu sèjèn, yèn dina geus maot. Tapi, aya ogè anu nyebutkeun, teu ngimpi-ngimpi acan, basa meunang milik anu gedè tèh. Tah dina paririmbon boh anu basa Sunda atawa basa Jawa, disebutkeun nepi ka saratusna tafsir ngeunaan ngimpi. Misalna ngimpi dibèrè anak, hartina bakal menang harta banda, ngimpi gelut tapi èlèh, meunang kawirang, leumpang dina cucuk, usahana teu hasil, leuleumpangan jauh, bakal panjang umur, jrrd. Ngeunaan ngimpi ieu, sakumaha anu diriwayakeun dina HR Bukhari, ra ti Abu Sa’id Al-Khudri, yèn anjeunna ngadangu Nabi SAW ngadawuh : Lamun salahsaurang diantara maranèh meunang hiji impian anu matak nyenangkeun, saenyana èta tèh ngan ukur ti Allah SWT, kudu buru-buru muji ka Allah kana sagala impianana sarta buru buru ngabèjakeun. Ngan lamun henteu nempo anu kitu, atawa henteu matak nyenangkeun, maka saenyana ngimpi èta ukur ti sètan, buru-buru mènta panyalindungan (taawudz ka Allah) tina kagorènganana, sarta teu meunang dicaritakeun ka batur, maka ngimpi èta moal bakal nyilakakeun (ngamadaratkeun).
“Jadi kudu kumaha atuh?” Ki Sobat nanyakeun.
“Ah, sagalana pasrahkeun wè ka Allah, koncina mah ngadu’a tèa, ngimpi gorèng nyuhunkeun panyalindungan, ngimpi pialuseun, nauhidkeun diri ka Allah. Gampang pan nya. Ayeuna mah mending usaha jeung usolli. Sabab pikeun urang kieu mah, naon deui atuh. Beunghar henteu, kawajiban ditinggalkeun, rugi duanana hirup di dunya tèh lamun kitu mah nya.”
“Satuju euy, tibatan ngagugulung nu teu puguh, mending paririmbonna Al Qur’an, jeung Al Hadist nya.”
(tina : jurnal Bogor)

Selasa, 25 Januari 2011

STGB Kawinna Islam jeung Wiwitan?

Foto : Kalakay Jasinga
Sèrèn Taun Guru Bumi (STGB) Ahad kamari rèngsè, ditutup ku majikeun parè indung jeung bapa ka Leuit Inten ku Rama jeung Ambu dituluykeun ku nu sèjènna, boh gegedèn atawa inohong ti jajaran pamarèntahan Kabupatèn Bogor. Sèrèn Taun Guru Bumi anu dilumangsungkeun dina taun ieu (mun teu salah anu ka 5), pikeun kuring mibanda harti anu husus, dibandingkeun jeung samèmèhna, (teuing pèdah samèmèhna mah ukur nyèrangkeun ti kajauhan). Kitu sotèh sanggeus ngobrol jeung sababataha urang anu ilubiung aktif dina acara èta. Diantarana jeung Kang Ujang Hutomi anu ku Rama Maki dilandi Si Bungsu.
Si Bungsu tèh hariweusweus, meredih kuring sina nempoan dongdangna. Saliwat mah taya nu anèh sabab eusina tèh ukur lalaban, tapi saentas ditempokeun naon anu aya di handapna, rada ngahuleng ogè, komo basa dicaritakeun yèn eusina tèh mangrupa siloka kahirupan manusa di alam dunya.
“Numatak ulah ditingali luarna wungkul kang,”pokna tèh bari nataan barang-barang anu aya dina dongdang bagèan handap. Di jerona aya sangu anu hartina bekel hirup, aya cai siloka tina sumber kahirupan, daun tujuh lapis perlambang poè tèh aya tujuh, lalab genep rupa ngagambarkeu yèn Rukun Iman aya genep, pais lauk emas lima siki, ngajirimkeun Rukun Islam, ogè aya lauk asin jumlah 20 siki, mertèlakeu sifat-sifat Nu Maha Kawasa anu duapuluh, samangka hiji, negeskeun yèn kaimanan ka Allah tèh kudu buleud.
“Tah ieu tèh sabenerna ngagambarkeun papatah ti Abah ka anak-anak Abah,” ceuk Kang Ujang bari diaminan ku Abah Nadja, sepuhna. Dongdang anu digarotong dina cara èta tèh kabèh ogè ngandung ajaran pikeun kahirupan, sakumaha anu diajarkeun ku para karuhunna. Kawas patung semar anu aya dina dongdangan abah Nalaktak. Semar perlambang jalma anu alus hatèna, jembar pangartina, hirupna basajan tur ngahiji jeung rahayat.
“Tah imah Lurah Semar tèh nepi ka kiwari can anggeus pernahna di Batutulis,”pokna tèh. Salian ti nyebutkeun Semar imahna can anggeus ogè nyabutkeun yèn kawah Candradimukana Gatot Kaca aya di wewengkon Gunung Salak. Palebah dieu mah terus terang wè teu katepi ku kuring mah, jeung hanjakal waktu pikeun ngorèhanana samporèt pisan. Dina dongdang beunang rombongan Kang Marin anu luhurna ijuk jeung parè, tètèla aya silokana. Parè ngalambangkeun Nyi Sri Sari Pohaci anu mangrupa sumber kahirupan urang dinya, sedeng ijuk anu asalna tina tangkal kawung, cicirèn yèn baheulana di wewengkon Pajajaran loba tangkal kawung.
Ayana campuran antara budaya wiwitan jeung kaislaman anu disimbolkeun dina dondang jeung eusi-eusi acara anu nyungsuman Sèrèn Taun Guru Bumi di Sindangbarang tèh kajawab ku Kang Ukat, anu jadi pupuhu kaamanan. Saurna, saentas Istana Pajajaran “burak” kitu ogè kampung Sindangbarang Puun anu aya di wewengkon dinya, milu “tilelep”. Teu lami sumping Embah Jamaka ti Cirebon anu nyandak ajaran islam nepangan Eyang Saca Manggala. Dua kasepuhan ieu tèh mufakat pikeun mohokeun kajadian-kajadian anu kantos tumiba, sarta paheuyeuk-heuyeuk lengeun pikeun ngawangun kampung anyar.
“Tah Kampung èta tèh dinamian Babakan Lembur Tonggoh, kahirupanana Islami, budayana Sunda Wiwitan,” saurna. Numatak henteu anèh lamun Sèrèn Taun Guru Bumi anu di Sindangbarang rada bèda jeung di kampung budaya anu sèjènna. Malah lain ngan èta wungkul, di Sindangbarang tèh kabagi dua bagèan, antara kadunyaan (diguyuran ku haliah dunya) jeung tempat tafakur.
Leupas ti pasualan èta, aya hiji “kaanèhan” anu bener-bener nyata tur perlu dititènan. Sakumaha dikanyahokeun, kayaaan di wewengkon èta geus jadi wewengkon umum, lain kampung budaya kawas di tempat-tempat sèjèn kayaning di Kampung Urug, Cipta Gelar, Sukabumi, Banten Kidul, Kampung Naga, jrrd. Samangsa Rama Maki, mèrèdih sangkan nyadiakeun dongdang tèh, prung wè ragem pada ngalaksanakeun, marakè waragad sèwang-sèwangan. Hartina aya kasadaran budaya anu kacida ngaronjatna, atawa aya kasono ka para pamingpin anu kawas baheula kitu ? Sabab lamun datanngna ti pihak “sèjèn” mah tandawuru kitu tatèh. Naha ieu tèh cicirèn budaya (urang) Sunda keur nguniang hudang kitu? Wallohualam bissawab !
(Tina Jurnal Bogor)

STGB Kawinna Islam jeung Sunda Wiwitan ?

Foto : Kalakay Jasinga
Sèrèn Taun anu kalima kalina dilaksanakeun ku KBS kalayan alpukahna Kang Achmad Mikami Sumawijaya, atawa Rama Maki, anu kawilang suksès, tur pada ngajugjug, nepi ka didatangan ku rèbuan jalma ti mamana, kaasup urang bulè, teu leupas ti paniatan, tèkad jeung kuatna pamadegan Rama Maki, anu keukeuh peuteukeuh hayang Ngarèvitalisasi (Ngahudangligarkeun) budaya anu geus pernah aya 40 taun kaliwat, malah boa, samèmèhna ogè geus aya. Mangsa rèk dimimitian, tur dilaksanakeunana di lapangan sakola dasar, teu saeutik anu kurang panuju. Lain waè ti masarakat satempat, anu kurang pati apal kana kabeungharan budaya, ogè kurang ngartieun naon anu dimaksud Sèrèn Taun, malah loba diantara para panitèn budaya jeung inohong anu ngajarèbian. Tong disebutkeun saha-sahana mah, sabab sarua jeung ngaliarkeun taleus ateul. Keun wè urang teuleum di handieum sieum, urang tunda di hanjuang siang, ulah kudu ditèang deui nya.
Salah sahijina anu dijadikeun pasualan tèh acara “sakèboeun” nyaèta nguburkeun, tanduk jeung kuku suku kèbo anu mèmang tara di dahar. Saentas pada apal yèn anu dikuburkeun tèh lain hulu munding, nyaèta barang-barang anu mèmang sakuduna dipiceun, kakara rada ngurangan tah anu teu panujueun tèh. Tapi teu cukup nepi ka dinya, aya ogè anu ngahujuh-hujuh sangkan anu dikuburkeun tèh lain anu disebutkeun di luhur. Tapi kudu hulu munding tèa.
Sababaraha taun kaliwat, mun teu salah mangsa harita rèk Sèrèn Taun anu kaduakalina, kuring jeung Rama Maki keur ngobrol di bumina, salah saurang anak buahna nepungan yèn aya tamu anu perlu pisan nepungan anjeunna. Tah èta utusan anu tliuan tèh katitipan pèsèn ti salah sahiji kolot (duka saha) anu harita keur kaancikan (teuing saha). Eta utusan tèh mèrèdih sangkan anu dikuburkeun tèh hulu munding cenah. Tapi ku Rama Maki teu gugu ieuh, isukna mangsa Sèrèn Taun Guru Bumi dilaksanakeun, angger wè, ukur sakeboeun.
“Lamun diturutkeun cilaka, bisa jadi pasalisih faham jeung kasepuhan atawa ulama di dieu,”saurma daria. Ayana kabiasaan kolot atawa karuhun urang anu disebut-sebut Sunda Wiwitan dina prak-prakan ngalaksanakeun syarèat islam (diantarana beubeuleuman), teu leupas tina kasangtukang jeung kanyataan anu aya yèn bangsa urang (Sunda) geus mibanda kapercayaan atawa kayakinan (bisa ogè budaya) samèmèh sumebarna islam di nagara urang. Lain èta wè kètang, dalah aya diantara wali anu nyebarkeun agama Islam ngaliwatan budaya anu aya, diantarana ku seni (wayang) boh wayang golèk atawa wayang kulit. Nepikeun ka cenah, anu hayang nongton ogè lain ku duit iyeuh mayarna tèh, tapi ku dua kalimah sahadat. Ceuk sabagèan dalang sepuh, mertèlakeun yèn Jimat Layang Kalimusada tèh, asal kecapna dua kalimah sahadat. Tah, diantarana urusan beubeuleuman tèh (meuleum menyan, stanggi) cenah mah “warisan” ti agama Sunda Wiwitan atawa Hindu ?
Tapi lamun tèa mah rèk “diislamkeun” tèa mah, taya salahna ieuh, sabab ceuk agama ogè, amal-amalan tèh gumantung kana niat. Jadi meueum anu kararitu tèh, nya niatkeun wè keur nyeungitan rohangan, pan Allah mah resepeun pisan ka nu sarareungit tèh. Rarasaan leuwih alus tibatan nyemprot ruangan ambèh seungit tapi dibantuan ku alkohol nya. Tapi kètang èta mah balik deui ka pribadi sèwang-sèwangan.
Balik deui ka Sèrèn Taun Guru Bumi, sakumaha anu dijèlaskeun samèmèhna, di Kampung Sindangbarang, pan ayeuna mah masjid tèh sakitu agrèngna, malah mun teu salah Kang Achmad Mikami Sumawijaya, jadi salah saurang pangurusna. Kahirupan di tempat èta, kumaha wè kahirupan agama Islam di tempat sèjènna, loba pangajian (boh keur kaum rumaja, ibu-ibu atawa bapa-bapana), lain waè, masjid tapi musholla ogè rèa pisan. Jadi lamun nitènan kana Sèrèn Taun anu geus dilumangsungkeun salila lima kali teu eureun-eureun di KBS, balaka wè, kuring mah reueus jeung ngacungkeun jempol sadua-dua ka Ki Maki tèh. Nonoman ngora, budayawan Sunda anu geus bisa ngawinkeun antara “dua alam” dina hiji kabeungharan budaya. Hal anu kacida arangna, dilakonan ku nonoman ngora anu lolobana katalimbeng ku budaya deungeun. Lamun kitu, mana cing anu leuwih alus?
Tina Jurnal Bogor

Minggu, 16 Januari 2011

Basa Teh


Lantaran geus lila teu kapanggih jeung Ki Tatang, dulurna Ki Madi tèa, kuring ngahajakeun ulin ka warungna, maksudna mah rèk nanyakeun kaayaan istrina anu kamari sempet dirawat di rumah sakit. Kasampak tèh keur ngahuleng bangun nu loba kabingung.
“Kumaha, Nini tèh Ki, parantos sèhat?”cèkèng tèh bari song ngajak sasalaman.
“Alhamdulillah tos wangsul deui ka rorompok, dileukeunan dirawat di rorompok wè, paling ogè mun perlu berobat jalan,”jawabna tèh, pasamonana angger teu robah, bangun nu keur bingung kènèh.
“Geuning Aki katingalna masih kènèh bingung?”.
“Ari urusan pamajikan mah lah geus dipasrahkeun wè ka Nu Maha Kawasa, da eukeur ieuh disarèatan. Ngan sawaktu di rumah sakit tèh aya urusan anu nepi ka ayeuna angger kapikiran?”
“Su’al naon tah Ki, katingalina mani daria pisan?” kuring panasaran.
Derekdek wè anjeunna nyaritakeun pangalamanana mangsa keur nungguan istrina di rumah sakit.
Hiji waktu, basa keur nungguan istrina, aya hiji lalaki anu sarua keur nungguan pasièn malah anakna pisan, nyampeurkeun ngajak ngobrol, kituna mah tamba kesel. Dina dangdanana jeung cara ngomongna, kuring bisa mastikeun lamun èta lalaki tèh, ti golongan jalma aya jeung mibanda kasangtukang pendidikan anu luhur. Mimitina mah anu diobrolkeun tèh, urusan panyakit anakna, tungtungna mah nyasar kana budaya Sunda, hususna ngeunaan basa.
“Tah, tah kumaha Ki?”
“Enya anjeunna naroskeun ka Aki, naha yakin lamun basa Sunda dina lima puluh taun ka hareup aya kènèh anu ngagunakeun?”
“Waler Aki kumaha?”
“Asa kurang yakin, sabab ti ayeuna kènèh anu makè basa Sunda tèh geus ngurangan, barudak ngora urang dina kahirupan sapopoèna geus tara marakè basa Sunda. Eta sepuh tèh, ngaaminan.” Malah saur anjeunna, salah sahiji panyababna tèh ayana dina basa Sunda sorangan. Lamun ditanya, panyababna teu ngagunakeun basa Sunda, jawabanana sarua, boh para pangagung, para pajabat, atawa barudak ngora, pasti sieu salah, atawa hèsè kusabab aya undak usuk basa tèa. Sagala pasualan, saur anjeunna, geus pasti bakal aya jalan kaluarna, lamun kapanggih panyabab atawa kasangtukangna. Sarèrèa ogè pada nyaho, yèn panyababna tèh kulantaran aya undak-usuk basa, anu nyababkeun jalma jadi embungeun makè, sarta hèsè ngagunakeunana.
“Tah lamun geus kanyahoan kitu, maenya teu kapanggih kumaha cara ngungkulanana,” saur Aki Tatang nirukeun caritaan èta sepuh tèa. Diantarana, ngaleungitkeun undak-usuk basa anu dianggap salila ieu jadi panyabab utamana. Sabab, basa Sunda anu ku urang digunakeun tèh sasatna basa anu loba kapangaruhan ku basa Mataram. Jadi lamun tèa mah nèangan basa Sunda nu asli nya basa Sunda anu lumaku di Bogor.
“Atuh lamun kitu mah lain ogè basa Sunda anu pinuh ku tatakrama jeung aturan tur mibanda ajèn inajèn anu luhung,Ki,”kuring mairan.
“Tah èta patanyaan èta ogè ku Aki ditanyakeun ka anjeunna.”
“Teras walerna kumaha Ki?”
“Anjeunna malik nanya, naha urang rèk angger ngagugulung undak-usuk basa, bari nyaho yèn dina hiji waktu bakal taya anu ngagunakeun deui, atawa nyieun kaputusan anu kawilang wani, tapi lèngkah ieu bakal nyalametkeun basa Sunda ka hareup.” Dumasar kana katerangan salah sahiji lembaga di PBB nyaèta, Unesco, unggal poèna aya sapuluh nepi ka saratusna, basa indung anu carem, nungtut laleungitan. Tah lamun ti ayeuna taya kaputusan ngeunaan èta, tur salawasna urang hoghag dina urusan undak-usuk basa, kaburu pareum tah basa urang. Sabab sidik pisan panyababna tèh èta pisan. Kitu ogè aya nu nyebutkeun yèn anu ngagunakeun basa Sunda yeuna ukur 20 persèn. Carana mah, para gegedèn, inohong kudu nyieun kaputusan sawaktu Kongrès Basa Sunda, sarta diumumkeun ka sarèrèa.
“Apal henteu yèn moto basa cicirèn bangsa tèh lain beunang pituin urang Sunda, numutkeun Kang Ayip mah tarjamahan tina basa Malayu, bangsa di dinya lain hartina suku atawa sèkèsèler tapi bangsawan di urang mah mènak meureunnya.”
“Euh kitu nya, mangkaning kuring remen ngagunakeun tah,”
“Ari alus ma teu nanaon, ulah èra-èra. Kitu ogè lamun gorèng, ulah sieun-sieun piceun wè.”
(Lembur Urang/Jurnal Bogor)

Jumat, 14 Januari 2011

Sugan kaanggo

Sampurasun,
Nyanggakeun sabrang salayan
Lebet ka cabe mah henteu
Nyanggakeun hatur lumayan,
Lebet ka sae mah henteu
Ieu teh diajar keneh,peryogi disampurnakeun,sun.....
Mangga nyanggakeun,
Rampes

Rabu, 12 Januari 2011

Panyakit hate

Tas ngalongok babaturanana dirawat di rumah sakit, Ki Madi teu buru-buru balik ieuh, hayoh kalahka terus ka Gunung Batu, maksudna rèk terus sarapan bubur hayam kebeukina. Di tempat anu dijugjug kasampak dulurna, Ki Tatang, keur nyanghareupan bubur hayam.
“Aèh mulih ti mana kang?”Ki Tatang nanya ka kapilanceukna.
“Puguh tas ti rumah sakit, ngalongok anu keur dirawat,”tèmbal Ki Madi bari gèk diuk hareupeun kapiadina.
“Na teu damang naon kitu?”
“Panyakit hatè,”jawabna.
“Kutan, na tiasa kitu anu keuna panyakit hatè diubaran di rumah sakit, anu kitu mah sanès ku para Kiai, Ulama atawa nyeueurkeun ngaos di majlis kang,”Ki Tatang bangun nu bingung.
“Enya puguh ogè, meureun di urang mah nu kitu tèh liver tèa atawa hepatitis meuerun sabab mun teu salah mimitina tèh awakna panas pisan, mèncrèt atawa diare kapapanjangan, tulang jeung sandi-sandi nyareri, sumanget jeung beurat awak cepet pisan nyirorot, geus kitu sok ngaco lamun keur katarajang ,” saur Ki Madi.
“Oh, mun teu lepat mah aya tilu golongan kang Hepatitis tèh, A, B jeung C, saurna tèh, leres kitu?”
“Enya, anu A mah kawilang hampang, anuj rada beurat mah B jeung C, sabab sumebarna tèh bisa ngaliwatan getih, cimani, boh nu lalaki atawa awèwè, cipanon jeung cikiih, malah lain èta wungkul. Transfusi getih anu gus kaeunaan virus hepatitis, ngagunakeun jarum suntik narkoba babarengan, migawè seks anu kurang sèhat, indung anu geus keuna ku virus Hepatitis B ogè bisa nepa ka orok anu keur dikandungna,” saur Ki Madi bari reg eureun, obrolanana kapegat ku tukang bubur anuj ngasongkeun pesenana. Ari panyakit hatè anu dimaksudkeun ku manèh mah tadi, meureun riya, sombong, sirik , dengki, fitnah, hasud, sangkaan gorèng jeung hianat. Panyakit riya ieu anu ngaruksak pisan ibadah nyaèta nyieun kahadèan atawa ibadah anu maksudna mah pamèr ka manusa sangkan disangka rajin jeung pupujieun ambèh disebut ahli ibadah kawas shalat, puasa, sidèkah jsbna. Ciri-cirina aya tilu nyaèta lamun dihareupeun nu sèjèn rajin pisan, lamun sorangan mah kedul, hayang meunang pujian dina sagala urusan. Anu kadua sombong, agul, asa aing pang akangna atawa pangbisana, nganggap dirina panghèbatna sarta nu sèjèn mah taya nanaonan. Padahal jelas pisan Allah ngahulag manusa sangkan ulah sombong, tur ceuceub ka mahlukna boga sikep kitu. Sakumaha dawuhan Allah SWT dina surah Al Israa 37, “ Jeung maranèh entong leuleumpangan di luhureun bumi ieu bari jeung sombong, sabab saenya-enyana maranèh sakumaha ogè moal bisa nyusup taneuh (bumi) sarta maranèh moal nepi saluhur gunung. Kitu ogè sirik pidik jail kaniaya, nempo batur bagya urang kalahka susah, batur sangsara urang surak. ”
“Sigana mun diantepkeun, picilakaeun nya, Kang?”
“Bener pisan, aya sababaraha cara ngubaran panyakit hatè anu ieu mah diantarana, tong loba ngomong sabab lamun loba teuing ngomong hatè jadi teuas, saperluna we, komo deui nepi ka ngawadul, ngomongkeun batur mah. Kadua kudu bisa nahan ambek jeung ngajaga hawa nafsu. Ambek-ambekan hatè jadi marojèngja. Ngajaga hawa nafsu tèh diantarana kana harta banda, dahar, seks, jabatan jrrd. Tah hawa nafsu tèh èlèhna ku loba ngosongkeun beuteung, ngalakonan puasa wajib jeung sunnah kayaning Sènèn-Kemis, atawa puasa kawas Nabi Daud, jeung puasa sèjènna. Katiluna salilana ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, saperti migawè shalat wajib, lima waktu, ngalobakeun maca Qur’an, remen ngahadiran pangajian. Kaopatna ngadeukeutan atawa idek liher jeung jalma-jalma solèh. Insya Allah lamun urang remen ngaji, deukeut jeung jalma-jalma sarolèh, hatè bakal leuleus jeung gampang narima kana kabeneran ti Allah. Sabab lamun urang deudeukeutan jeung jalma buraong, anu laku lampahna gorèng dihariwangkeun bakal hatèna bakal katèpaan panyakit hatè,” saur Aki Madi daria.
Dawuhan Kangjeng Rosul dina hadistna nyarioskeun yèn dina awak unggal jalma aya sakeupeul daging , lamun kaayanana alus, bakal alus sakabèh amal-amalanana,lamu ruksak pinasti ruksak sakabèh amal ibadahna. Daging sakeupeul tèh nyaèta hatè.
“Paingan Aa Gym ngokolakeun Manajemen Qolbu nya, jigana tèh pikeun ngajaga hatè nya, sangkan ulah kiruh!”
(Tina Jurnal Bogor)

Nasib Wayang Awi


Di Bogor tegesna di Kampung Cijahe Kalurahan Bogor Barat, aya nonoman ngora anu motekar, ngaranna Adi Drajat. Anjeunna geus nyiptakeun kaulinan wayang anu dijieunna tina awi. Drajat anu meunang pangleler pamuda palopor ti Walikota Bogor jeung Gubernur Jawa Barat ieu miharep ka urang Sunda sangkan ngarojong karya senina minangka tabda deudeuh kana budaya Sunda.
"Lamun urang Jawa di bumina aya wayang kulit naha urang Sunda mah bangun anu seunggah nyimpen cicirén yén dirina urang Sunda, boh golék, kujang atawa wayang tina awi,"pokna daria. Saheulaanan mah anu ngahargaan kinaryana téh kakara bangsa deungeun wungkul, kayaning urang China jeung sékésélér séjénna. Lamun téa mah satengah ti jumlah pangeusi Bogor (Kota katut kabupaten) mareuli wayang awi boh anu dibotolan atawa dikacaan sarta anu buligir kénéh, sakurangna bisa ngahirupan sababaraha pamuda anu ayeuna keur soson-soson ilubiung jeung dirina.
"Kitu ogé lamun haat, sabab hargana teu mahal ieuh, paling mahalna ogé ukur puluhan rébu anu dibotolan jeung saratus lima puluh rebu anu dikacaan gumantung kana gedé leutikn wayang,"pokna daria. Beuh kudu kumaha nulunganana atuh nya. Bilih aya anu peryogi tiasa nelepon ka nomer 0251 2793203

Minggu, 09 Januari 2011

Nayaga, jeung Rinèka Wayang


Ngumpul jeung para nayaga boh samangsa keur nabeuh, atawa keur salsè, sawaktu dalang keur ngajrèkjrèk, ngulinkeun golèkna, tètèla loba pisan pulunganeunana, ti mimiti pangalaman nabeuh, boh anu pikasediheun atawa pikabungaheun. Komo deui palebah heureuyna mah, anu tangtu bèda jeung banyolan rahayat umumna. Para nayaga anu keur manggung, biasana sok ngagunakeun sèsèbrèd nyaèta paparikan anu eusina babanyolan jeung silih poyokan anu kecapna matak pikaseurieun. Kajadianana tèh samangsa pintonan wayang golèk can make juru kawih (sindèn). Sabot dalang reureuh, para nayaga tèh sok motah, ngagamelan bari kakawihan, pilihgenti.
Tong daek ka leuwigoong, mending ge balik ka Banjar,
Tong daek ka tukang goong, ari balik tara mayar.
Tah èta tèh ceuk tukang saron, tuluy dibales ku tukang goong;
Ulah daèk nyangu aron,nyangu dina sèèng kosong,
Ulah daèk ka nu nyaron nu nyaron sok ged bohong
Dina ngungkabkeun katugenah ogè para nayaga boga cara husus, kawas dalang anu sok ngagunakeun Si Cepot jeung sabangsa buta sèjènna, mangsa dipanggung geus taya kopi atawa taya lalawuh. Basana tèh basa heureuy deuih, sanajan kadèngèna pikaseurieun, ngan pikeun nu boga hajat mah,matak rada beureum ogè. Biasana mah sok buru-buru nitah pangèjèg (purah babantu di tempat hajatan) pikeun nedunan kahayang anu keur di panggung. Tah lamun teu adil, dina babagina, nepi aya anu teu kabagèan, atawa aya anu hawek nepi ka nu sèjèn teu kabagèan para nayaga ogè boga sisindiran husus.
Nu ngampar- ngampar nu nabeuh- nabeuh
Nu lapar-lapar nu seubeuh-seubeuh
Paparikan di luhur, bisa ditujukeun ka pamingpin anu teu adil dina babagi atawa ceuk basa ayeuna mah kudu professional jeung proporsional. Hartina, dina ngabagikeun hancak ulah cueut ka nu beureum pontèng ka nu konèng, ulah kèna-kèna baraya, meunang bagèan leuwih ti misti, sanajan gawèna henteu loba. Tah ngeunaan wayang golèk èta, awalna mah aya nu nyaritakeun yèn asalna tèh ti India, tapi ieu ogè taya bukti anu nguatkeun lamun ti nagara èta tèh. Bener, ari sumber caritana mah kayaning Mahabrata jeung Ramayana, asalna ti India. Ngan saentas dilumangsungkeun panalungtikan leuwih jauh, para ahli nyimpulkeun yèn saenyana wayang tèh asli beunang nyiptakeun urang Indonèsia, alesanana taya hiji ogè pintonan anu sarupa dina budaya bangsa sèjèn. Wayang boh golèk, kulit jeung nu sèjènna mangrupa gambaran kahirupan dunya anu saujratna sakumaha aya dina paribasa Sunda nyaèta wayang sakotak, dalangna ngan hiji, anu hartina sanajan sakumaha lobana jalma di dunya, Pangeranna ngan ukur hiji, nyaèta Allah Nu Maha Kawasa. Tètèla jinis wayang tèh loba pisan diantarana, wayang cepak ti Indramayu anu ayeuna geus nepi ka lima generasi dimimitian Ki Pugas, Ki Warya, Ki Koja, Ki Salam sarta ayeuna dituluykeun ku Ki Akhamadi anu yuswana parantos 63 taun. Salian ti wayang cepak aya ogè Wayang Beber, Wayang Calonarang, Wayang Gedog, Wayang Golek, Wayang Kancil, Wayang Klitik, Wayang Madya , Wayang Menak , Wayang Kulit, Wayang Orang , Wayang Papak, Wayang Parwa, Wayang Sadad, Wayang Sasak,Wayang Suluh, Wayang Ukur, Wayang Wahyu, Mayapada Indah Wayang Golek, jeung anu anyar pisan anu diciptakeun ku urang Bogor, tegesna nonoman Sunda ti Curug Mekar , Kacamatan Bogor Barat, namina Ki Adi Drajat nyaèta Wayang Awi. Dina mere ngaranna ogè Ki Adi ieu, teu nyaruaan ngaran-ngaran sakumaha anu digunakeun dina wayang golèk, salah sahijina Ijot, anu ngawakilan hiji istri “pikasebeleun” tukang heureuy, nyaritana plus-plos, tara didingding kelir tapi merlambangkeun kajujuran jeung kabersihan hate. Si Ijot anu dijadikeun maskotna, biasana mah dieusian ku pesen-pesen moral, ngomongna siga nu heureuy tapi ngeusi. Kulantaran umurna can lila, tangtu perlu rojongan anu daria ti sakumna urang Sunda, boh PEPADI Kota Bogor jeung pihak sèjènna sangkan Wayang Awi ieu leuwih dipikawanoh. Saujratna, tangtuna kudu milu reueus, sabab ieu tèh diciptakeunana ku nonoman ngora pituin urang Bogor. Ceuk paribasana mah kendang geus dipadungdungkeun, tarompèt geus ditiup, tinggal der, sok ah ! (tina sababaraha sumber)
(sumber : jurnal Bogor)

Sabtu, 08 Januari 2011

Ulah Haget Sambel


Nungkulan anakna Ki Sobat, Kang Rèsna anu keur ngajatukramikeun anakna di Cibeureum Ciremè, tètèla jadi tempat silaturahmi anu teu disangka-sangka. Sobat-sobat babarengan nguseup, ngadu bako jeung nu sèjènna kalayan teu dihaja brug-breg, silih cacapkeun kasono. Tètèla anu diobrolkeun tèh teu jauh, ngeunaan sèpak bola, hususna PSSI anu keur dilatih ku Alfred Riedl tèa. Sèpakbola urang anu ayeuna keur “nyongcolang” tètèla geus jadi sabiwir hiji, lain waè di warung kopi, kantor dalah di nu keur hajatan ogè teu leupas tina nguruskeun kasawelasan urang anu keur nguniang hudang bari tuluy lumpat tèa. Lagu Garuda di dadaku karangan Band Nètral, jigana tèh keur naèk daun, marengan prestasina Firman Utina spk
Olah raga tètèla bisa ngahudangkeun rasa jeung sumanget kabangsaan tur mopohokeun sagala karudet, boh anu sifatna pribadi, rumah tangga, atawa nasional. Jigana dina bulan-bulan ieu mah, kaceuceub ka Gayus tèh, rada kapopohokeun ku majuna PSSI ka final, komo bari jeung bisa jadi jawara ka hiji, bisa ngèlèhkeun kasabelasan Malaysia. Nitènan ka palebah dinya mah, rada reueus jeung reugreug ogè, sabab kanyaah ka bangsana, geuning masih kènèh gedè. Miangna para panongton Indonèsia ka Bukit Jalil di nagara tatangga, geus pasti merlukeun pangorbanan anu teu saeutik, geus puguh duit mah, boh keur meuli karcis, atawa ongkos naèk kapal udara. Samangsa keur nyanghareupan Piliphina di partèy satengah final, pan aya diantarana anu nepi ka ngajual embè, ku hayang-hayangna nongton (ngarojong) kasawelasan anu dipikacintana. Dulur-dulur anu ti pulo sèjèn kayaning Sulawesi, Kalimatan, Papua, Sumatra, Bali jeung Lombok ogè, ngaluarkeun waragad anu teu saeutik tina pèsakna tèh.
Jigana mun sakabèhna boga kasempetan (utamana mah boga duit) mangsa Firman Utina spk, ngalayanan Malaysia di Senayan dina tanggal 29 Dèsember anu bakal datang, hèg Stadion Gelora Bung Karno, eusina nepi ka 500 rèbu urangna, pasti pinuh ku nu narongton. Sabab ceuk bèja dina Koran jeung tipi, karcisna tèh geus èrèp, boh anu dijual langsung atawa ngaliwatan on line. Sababaraha kali nyobaan muka situs PSSI tètèla teu bisa dibuka, jigana mah ngahaja, ditutup pikeun samentara. Eta tèh nandakeun yèn sabenerna kacintaan masarakat ka nagarana kacida gedèna.
Anu dipiharep tèh, boh mangsa tandang di Malaysia atawa èngkè keur di GBK, para panongton ti dua beylah pihak, teu nyieun paripolah anu matak nyidraan lumangsungna pertandingan. Sabab jadi jawara ku cara-cara anu teu sinatria, bakal ngurangan nilèy kameunangan. Kituna deui rojongan anu sakitu hèbatna tèh ulah nepi ka tibalik jadi tamiang meulit ka bitis, mangsa kasabelasanana bobor karahayuan, teu bisa nyuguhkeun anu dipikahayang ku para pangrojongna.
“Enya mugia wè, harepan bangsa urang tèh bisa kawujudkeun ku Jang Markus saparakanca nya,” saur Ki Madi basa papanggih di Saung Sukadamai, harita meneran aya pangocokan arisan.
“Nya alusna mah urang du’akeun wè ku sarèrèa, sangkan kasebelasan urang unggul jurit,”cèkèng tèh mairan.
“Tah Ki, upami dilarapkeun kana kayaan kahirupan mah, atra pisan yèn lamun urang gawè daria, soson-soson, rejeki mah bakal nuturkeun. Ceuk karuhun urang tèa mah geuning ulah pupulut mèmèh mantun, atawa sepi ing pamrih ramè ing gawè.”
“Maksudna kumaha tah?”
“Geura wè talingakeun, mangsa kasabelasan urang ngèlèhkeun Piliphina pan nu marèrè duit tèh geus juljol, komo deui lamun napi ka jadi juara mah moal teu banjir ku bonus tah para pamèn urang tèh nya Ki.”
“Enya ngan ulah nepi ka cul dogdog tinggal igel, tah,”ceuk Aki Madi, Sabab loba kènèh pasualan bangsa anu kudu diperhatikeun, ti mimiti urusan hukum, pendidikan, èkonomi kasèhatan, pangangguran jeung nu sèjènna. Tah saentas “hajatna” bèrès, kabungahna geus mimiti ngurangan, pancèn sèjèn geus ngadagoan.
“Enya atuh Ki, sarèrèa ogè apal kana tugasna sèwang-sèwangan, ieu mah ukur sagebragan, atawa haget sambel tèa.”
“Alusna mah prestasi kasabelasan urang tèh ulah haget sambel, tapi kudu nanjeur terus, ti mimiti juara Asia Tenggara, terus ka Asèan, tungtungna nepi ka sadunya. Ulah ngan semet nepi ka dieu wungkul>”
(Tina Jurnal Bogor)

Joki


Lamun tèa loba anu nyebutkeun, salah sahijina Eèp Saefullah Fatah, urang Cariu anu jadi tokoh Nasional, yèn bangsa urang tèh kaasup bangsa anu araranèh, beuki dieu tèh beuki kabuktian. Salah sahijina dina widang hukum, sababaraha bulan katukang, “Abang Gayus” kungsi ngageunjleungkeun, sabab sawaktu di jero panjara bisa kènèh pelesiran ka Bali, ngadon nongton tènis. Untungna aya anu manggihan ku salah sahiji wartawan, bari tuluy dipoto, coba lamun nepi teu kapanggih ku wartawan. meureun simpè wè nya. Eh, kabèhdieunakeun majarkeun tèh aya nu manggihan lamun Gayus ogè, cenah kungsi ka Singapura, ngan hanjakalna teu kungsi nepi ka dipotona. Sanajan ku Gayus, bèja èta teu diaku, tapi duka teuing kabèhdieunakeunana mah. Sabab sanajan potona geus nyampak ogè, angger wè, mimitina mah teu diaku pan nya.
Kaduana, teu jauh-jauh di urang sorangan, pan urusan anu Rp 570 juta tèa, jumlah “duit rahayat” anu nepi ka ayeuna can kapanggih raratanana. Ceuk Ki Madi lamun tèa mah duit anu sakitu gedèna tèh dibeulikeun kurupuk anu hargana 500 pèrak, bisa 1140 rèbu kurupuk, jigana bakal kabagèan tah. saeusi Kota Bogor mah. Jigana lamun langsung meuli ka pabrikna mah, pastina meunang diskon. Tapi kètang, ulah waka suudzon sabab keur dipaluruh kènèh, wayahna wè rada sabara (teuing nepi ka iraha?).
Samèmèhna anu paadu regeng tèh, antara Pertamina jeung Kementrian Perindagkop, ngeunaan tabung gas ukuran tilu kilogram anu remen meledug, nepi ngabalukarkeun ayana korban, boh anu tiwas, atawa tatu parna.
Anu keur ramè matak guyur salelembur, èar sajajagat, jadi sabiwir hiji, nyaèta Joki atawa anu ngagantian. Joki lamun numutkeun ètimologi basa mah tukang numpak kuda, boh kuda balap atawa kuda biasa. Tapi sajalan jeung kajadian-kajadian anu aya di urang, basa èta tèh hartina jadi robah, Bisa jadi panumpang pikeun nyukupan panumpang di jalan anu dilumakukeun Three in One, ku jalan nawarkeun jasana milu kana mobil anu panumpangna kurang ti tilu. Atawa ngagantian jalma dina ujian asup ka paguron luhur, anu baheulana katelah sipenmaru anu ayeuna jadi UMPTN. Tètèla anu bisa dijokian tèh lain ngan saukur dina ujian asup ka paguron luhur, tapi narapidana atawa anu keur dibui ogè geuninng bisa. Sakumaha nu lumangsung di Lapas Kelas II Bojonegoro, Jawa Timur.
Kasiem anu sakuduna dipenjara atawa ngajalankeun sèsa hukuman salila tujuh bulan, kulantaran kalibet ku kasus bersubsisdi tèa, digantian ku Karni kalayan dibayar ku duit anu lobana Rp 10 juta. Geus kitu, dua instansi anu dianggap baroga tanggungjawab tèh kalah silih salahkeun, bangun anu ngumbah leungeun. Ceuk itu tanggung jawab èta, ceuk èta tanggung jawab itu. Lamun kitu ayana saha atuh anu kudu tanggungjawab, atawa pihak mana anu sakuduna tanggungjawab?. Sanajan dina kanyataanana taya urusan duit, tapi sakurangna jadi mangaruhan kumaha kayaan rèkèpna di nagara urang.
Mugia wè ieu tèh, bisa jadi pangajaran anu kacida berhargana pikeun aparat hukum di nagara urangnya.
Baheula, mah, aya ogè lain kawas kitu, nyaèta sawaktu Raja pangahirna Pajajaran nyaèta Prabu Nusamulya atawa Ragamulya Suryakencana anu marèntah salila 12 taun (1567-1579 M) pikeun nyalametkeun dirina sawaktu dijorag ku pasukan Banten, kungsi aya nu niru anjeunna nyaèta Senapati Kumbang Bagus sareng istrina , Purnamasari anu lumpat ka wewengkon Kidul pikeun ngalenjokeun pihak musuh bari nyalidungan raja. Pragu Ragamulya sorangan sareng permaisuri lumpat ka hiji tempat anu dirahasiakeun tur nyingkur anu saterusna manurajasuniya. Dina sajarah dicaritakeun yèn raja pangahirna Pajajaran ieu nyepi di Gunung Gedè anu ogè dingaranan Seda Kancana, atawa tempat pangreureuhan ahir Prabu Suryakancana. Tah saencan papisah jeunh rombonganana anjeun mesen ka sakabèh rombangan anu mangrupa wangsit anu ayeuna katelah jadi Wangsit Siliwangi tèa. Carita ieu kacatet dina Pustaka Nusantara III/I jeung Nagara Kretabumi ½ .
Jadi Senapati Kumbang mah pastina lain joki, sakumaha anu keur diributkeun ayeuna. Tapi bèbèla ka dununganana. Sanès kitu lur ?
(Tina jurnal Bogor)

Minggu, 02 Januari 2011

pupulut


Sorè-sorè kira-kira jam opat, Keur ngahuleng di tempat parkir Dinas Penidikan Kota Bogor, mikiran ban motor anu kempès, teu sakara-kara reuwas kaliwat saking, boa lamun boga panyakit lemah jantung mah, nepi ka sawanna. Rèk teu kitu kumaha geura, aya nu ngadurugdug ka tempat parkir bari sorana nyaruaan kapal jèt, sakapeung jiga sora heuleur pare. Ceuk pikiran anu keur ngalamun, jigana tèh mobil kaluaran taun panganyarna sabab cètna ogè belang-belang, malah lamun diperhatikeun make aya motif batik sagala. Sanggeus diperhatikeun tètèla èta tèh mobil saljuna Mama Arief Hidayat, ahli dongèng anu kaceluk ka awun-awun, kakoncara ka janapria. Rada hèlok ogè sabab mobilna tèh geuning salin jinis mindah rupa, utamana mah cètna.
“Kumaha tah ayeuna Si Salju tèh, gandang nya?” pokna tèh bari tuluy ngajak sasalaman. Kuring teu langsung nèmbalan, rada bingung puguh ogè. Ari dienyakeun, sarua jeung ngabinihkeun bibit munafik dina jero hatè, mun ceuk kasarna mah beungeut nyanghareup ati mungkir. Lamun disebutkeun saècèsna, diterangkeun sacèwèrèlèna, sok sieun anjeunna kasigeung.
“Pokona mah bèda lah jeung nu baheula,”cèkèng tèh.
Mama Arief Hidayat, jigana pikeun generasi sajaman kuring jeung saluhureun kuring mah pada nyaho, inohong dongèng anu taya duana. Komo keur jaman anjeunna keur ngadongèngkeun lalakon Si Riweuh mah, pan loba para ibu, ngarèngsèkeun masak samèmèh waktuna. Tujuanana taya deui hayang rinèh mangsa ngadèngèkeun dongèng anu diasuh ku Mama Arief Hidayat. Teu budak teu kolot, teu nini-nini teu aki-aki ting darepong di tepas imah, ngarariung radio dua band.
Dina urusan ngamumulè budaya Sunda, hususna basa, Mama Arief, sanajan yuswana geus teu kawilang anom deui, panginten ayeuna langkung ti tujuh puluh taun, sumangetna teu pernahna ngirangan. Disarengan ku istrina, Mamah Adè, ngagunakeun Si Salju singgetan tina asal maju, anjeunna satia mendakan para pangdanguna ku dongèng Sunda. Mama, kaasup seniman anu sepi ing pamrih ramè ing gawè, teu pernah mikirkeun naha bakal jeung kudu dibayar sabaraha. Anjeunna ogè, teu kaasup kana golongan jalma-jalma anu ngalobakeun tiori wungkul, nu mèpèndè ku ranggeuyan kalimah hade ngahareupkeun taktik kembang biwir. Enya, ari nyarios mah jiga nu enya, nyaah, malirè jeung rèk ngarojong kana budaya karuhunna, mangsa diperedih panulungna, api-api teu ngadèngè.
“Ih lain Asbun ieu mah. Kasaksian pisan ku panon sorangan, mangsa aya pintonan kasenian Sunda jeung aya kagiatan seni lukis, pan ti rèngrèngan èta mah taya nu sumping,” saur Ki Madi bangun neuteuli. Saentas salami 30 taun teu ngadongèng, hatèna kasuat deui, mangsa terangeun yèn nu ngagunakeun basa Sunda tèh ngan saukur dua puluh persèn.
“Lamun taya lèngkah anu daria ti ayeuna, boa moal nepi lima puluh taun, basa Sunda tèh bakal carem sabab nu ngagunakeunana beuki dieu beuki ngurangan. Sabab salah sahiji sarat sangkan basa langgeng tèh loba anu ngagunakeunana,”walerna basa ditaros naha kersa ngadongèng deui. Pikeun anjeunna, ngamumulè basa Sunda jeung budaya karuhun sèjènna, geus ngagetih ngadaging. Sabab, dina prak-prakan ngamumulè tèh katingalina pinuh ku rasa ihlas tur didasaran ku kabagyaan. Mama Arief anu dua taun kaliwat mah jiga nu nguluwut pinuh kabingung, ayeuna mah ngajanggèlèk jiga anu ngora deui. Saur Ki Madi mah, tètèla ubar kahirupan tèh lain ngan saukur ku lobana dunya wungkul, aya deui nu sèjènna, nyaèta kapanggih jeung dunya anu dipikaresepna.
“Jadi lamun urang hayang langgeng dina hiji pagawèan, panjang umur, salian ti neda ka Gusti Allah tèh, istiqomah tur mikaresep jeung mikadeudeuh kana pagawèan anu keur digugulung,”saurna. Lamun hiji pagawèan geus disanghareupan ku luhlah jeung crukcrek, geus pasti hasilna moal bener, sabab sarua jeung teu narimakeun atawa tegesna mah teu nyukuran anu dipaparinkeun ku Allah.
“Jadi kèdah kumaha atuh Ki,”cèkèng tèh panasaran.
“Nya tarimakeun wè, malah alusna mah ngahareupkeun gawè nu bener ti heula, da rejeki mah pastina ogè nuturkeun, cohagna mah ulah pupulut samèmèh mantun, gorèng tatèh sabab miheulakeun hak tibatan kawajibanana,”pokna tatag pisan.
“Insya Allah, Ki dièstokeun pisan.”
“Tah kitu atuh.”

(Tina jurnal Bogor)