Entri Populer

buruan

Jumat, 31 Agustus 2012

aya-aya wae

Bener ceuk para Kiai jeung ulama dina saban pangajian yèn dina maleman munggaran mah masjid jeung musholla tèh sok pinuh tèh teu nyalahan, kitu ogè di musholla Al Hasanah tempat panganjrekan Mang Sarkum, peuting èta mah anu sahlat Isya jeung tarawèh mani nepi kaluar sagala. Padahal lamun diitung jiwa, pangeusi sakampung èta tèh henteu nepi ka kitu. Kacirina mah dina magrib jeung subuh, paling loba ukur dua jajar, malah tempona mah kurang. Ngan henteu ari nepi ka diborong kawas di lembur mitohana Mang Sarkum mah, marebot, muazidin, imam jeung ma’mum digawèan ku sorangan. “Syukur euy, mudah-mudahan wè kieuna tèh tepi ka ahir, resep lamun kieu mah nya, puasa tèh jadi asa enyaan,” ceuk Mang Husèn ngaharèwos ka Mang Sarkum, kabeneran nangtungna tèh sa- shap di jajaran kadua. “Enyaan kumaha maksud manèh tèh?” Mang Sarkum nanya bari kerung. “Tempo wè ku manèh, tètèla di kampung urang tèh loba pangeusina, malah loba nu teu nyaho saha-sahana sanajan saRT ogè, ” tèmbal Mang Husèn. Mangsa shalat Isya mah, lancar taya gangguan naon-naon, shalat berjamaah anu diimaman ku Ustad Dèdèn tèh mulus. Ngan keur rakaat ka opat (adegan ka dua) tina kantong luhur Mang Husèn tèh katempo aya anu kaluar, nyaèta duit recèh logam ayana kana limana, basa tas sujud rèk terus nangtung tèh. Harita Mang Husèn shalatna teu make baju koko kawas biasana, jigana tèh bahanna rada leueur. “Duit ladang kopi,” ceuk Mang Husèn ngaharèwos ka Mang Sarkum, bari ngasupkeun duit rècèh kana pèsakna. Ti rokaat ka opat nepi ka opat belas mah, shalat tarawèh Mang Sarkum tèh teu pati husu ieuh, sabab nempo leungeun baturna ngan upuy-apay kana pangsujudan waè, bari tuluy ngasupkeun rècèh kana pèsakna waktu keur nangtung. Kituna tèh lain sakali waè, ampir unggal rakaat. “Asupkeun kana gulungan sarung geura ambèh teu murag waè tah duit tèh,” Mang Sarkum ngaharèwos ka tatangga shapna. Dikitukeun tèh, Mang Husèn unggeuk, duit rècèh jeung kertas dibuntelkeun dina sarungna. Ngan kulantaran mulenkeunana loba teuing nepi gulungan sarungna ngajendol pisan, tur sarungna tèh jadi pungsat nepi ka pas handapeun tuur. Lantaran meureun sawaktu ruku asa bèda jeung batur, sarung tèh ditarik deui ka hanadap, atuh burulu duit anu disimpen dina gulungan sarung tèh murag. Untung teu nepi ka ngagorolong, teu kacipta kumaha lamun duit rècèh èta ngagorolong ka hareup, komo nepi ka pangimbaran mah. “Cik atuh urusan dunya mah ulah dibabawa ka masjid, komo ieu mah urang tèh kakara ngamimitian tarawèh,” ceuk sora ti shap tukang rada kenceng. Karèrèt paroman Mang Husèn mani reup geuneuk ray pias, èra, keuheul campur jeung ambek. Katambah ambek nyedek tanaga midek tèa, rumasa salah meureun. Jigana mah tadi saentas buka tèh Mang Husèn kungsi muka warung heula, kusabab dagang kopina tèh di sisi jalan jeung deui geus loba langganana. Sugan kitu ogè, can bèrès pisan nutup warungna kadèngè sora adan. Kulantaran sieun katinggaleun berjamaah (sabab anjeunna kaasup ahli musollah), deregdeg wè indit ka musholla, teu kaburu buras-bèrès ladang dagangna. Ngalaksanakeun puasa anu munggran di tempat Mang Markum aya ku araranèh, mangsa popolah nyiapkeun kadaharan, Bi Emed tatanggana Mang Markum ribut sabab sèèngna leungit aya nu maling, lain èta wungkul deuih, gorobag dorong paragi Mang Pèdèt dagang sayuran anu dititipkeun di gigireun imahna jadi dèplè, sabab rodana aya nu maok. Kabina-bina teuing tah maling tèh. mani teu nempo-nempo heula rèk barangpaok tèh, atawa memang teu boga tetempoan kitu. Sabab gara-gara rodana dicolong Mang Pèdèt kudi balik heula ka lemburna, nèangan duit keur meuli pèlek jeung banna. ceunah mah hargana tèh nepi ka lima ratus rèbueun. Atuh, Bi Emèd ogè teu bisaeun mangninyuhkeun kopi karesep salakina. Ah ku aya-aya waè atuh nya. Tina Jurnal Bogor

Bagea anaking

Bagèa anaking… Hampura bapa… mangsa anjeun datang ukur diamparan kardus karton… jeung tihang beton …. nu ajeg nyangheuy jambatan panjang… tempat kolot anjeun nyangsangkeun badan.. ti wanci ka wanci… Bagèa anaking…. Tong diceungceurikan….. mun harèwos tauhid nyampakkeun… kasaweur ku ramèna sora mobil… jeung sèahna Cihaliwung…. nu kiruh sanajan teu keur caah… Hampura anaking… Mun cisusu indung anjeun… teu saamis indung nu sèjèn… Sabab daharna ukur kakarèn… sisiar tina palang-pulung.. kokorèh na wadah runtah… beubeunangan sakapanggihna…. Anaking jimat awaking… Kabagyaan bapa bakal jadi katunggaraan anjeun… Sabab kocèak anjeun…. karasana tèh bet bangun nu ngajauhan… Les leungit ilang karana.. Dunya asa beuki poèk jeung simpè… Anaking puputon ati… Tong ringrang jeung hariwang… Geus Takdir ti Nu Maha Suci.. mun bapa teu bisa marengan anjeun ngambah kahirupan… du’a bapa bakal ngaping ti kahyangan… geto…mun anjeun geus dewasa… longokan bapa nu nungguan handapeun tangkal samoja. Sanajan kembangna geus muguran.