Entri Populer

buruan

Kamis, 26 Maret 2015

Disbudparekraf Kota Bogor Ngalaksanakeun Workshop Kasundaan



Sakurangna 50  urang murid SMP, SMA jeung SMK Kota Bogor, miluan Workshop  ngeunaan kasurtian satempat anu dilaksanakeun ku Dines Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudaparekraf) Kota Bogor anu lumangsung salila dua poè di Warung Kondang, Jalan Dr. Sumeru Kota Bogor. Hal ieu dijentrèkeun ku Kadisbudparekraf, H. Shahlan Rasyidi mangsa rèngsè mere biantara dina kagiatan èta, Kemis ( 26/3). Numutkeun Shahlan kagiatan èta  unggal taun dilaksanakeun ku dines anu dipingpinna.
“Samèmèhna ngeunaan basa jeung ka aksara  Sunda  pikeun para guru, jeung organisasi kasundaan. Tapi taun ayeuna mah ngahaja ka barudak sakola langsung, sabab nu bakal neruskeun miara, ngarumat jeung mekarkeun budaya Sunda tèh pastina maranèhna,”sanggem Shahlan. Pikeun panyaturna, aya tilu urang, nyaèta Dr. Alif Zaini anu bakal medarkeun ngeunaan kaulinan urang lembur, basa  jeung unak-anikna  ku Dr. Hawe Setuawan, duanana ti  Bandung, sedengkeun ngeunaan adab-adaban urang Sunda bakal dijelaskeun ku Drs. Ujang Suherman, budayawan ti Bogor.  Salah sahiji alesan ayana kagiatan ieu, numutekun Shahlan narèkahan sangkan barudak Sunda wanoheun kana budayana. Sabab ku lobana bèja ti luar anu asup kacida deresna ngaliwatan sababaaha panto informasi, nyababkeun budaya sorangan kacida kadèsèhna ku budaya deungeun.
“Salah sahiji contona basa Sunda geus arang digunakeun ku barudak sakola atawa rumaja, kitu ogè kaulian barudak lembur anu tètèla kacida loba mangfaatna pikeun kamekaran jiwa barudak geus mimiti kagantian ku kaulinan modern jaman ayeuna,”tegesna.  Sawatara ngeunaan adab-adaban sunda, sanggemna, kacida diperlukeun ku barudak ayeuna, enggoning  ngambah kahirupan sapopoè sarta kahareupna. Sabab anu diajarkeun ku karuhun urang Sunda, saèstuna  salaras pisan jeung ajaran Islam. (Dadang HP)

Jumat, 31 Agustus 2012

aya-aya wae

Bener ceuk para Kiai jeung ulama dina saban pangajian yèn dina maleman munggaran mah masjid jeung musholla tèh sok pinuh tèh teu nyalahan, kitu ogè di musholla Al Hasanah tempat panganjrekan Mang Sarkum, peuting èta mah anu sahlat Isya jeung tarawèh mani nepi kaluar sagala. Padahal lamun diitung jiwa, pangeusi sakampung èta tèh henteu nepi ka kitu. Kacirina mah dina magrib jeung subuh, paling loba ukur dua jajar, malah tempona mah kurang. Ngan henteu ari nepi ka diborong kawas di lembur mitohana Mang Sarkum mah, marebot, muazidin, imam jeung ma’mum digawèan ku sorangan. “Syukur euy, mudah-mudahan wè kieuna tèh tepi ka ahir, resep lamun kieu mah nya, puasa tèh jadi asa enyaan,” ceuk Mang Husèn ngaharèwos ka Mang Sarkum, kabeneran nangtungna tèh sa- shap di jajaran kadua. “Enyaan kumaha maksud manèh tèh?” Mang Sarkum nanya bari kerung. “Tempo wè ku manèh, tètèla di kampung urang tèh loba pangeusina, malah loba nu teu nyaho saha-sahana sanajan saRT ogè, ” tèmbal Mang Husèn. Mangsa shalat Isya mah, lancar taya gangguan naon-naon, shalat berjamaah anu diimaman ku Ustad Dèdèn tèh mulus. Ngan keur rakaat ka opat (adegan ka dua) tina kantong luhur Mang Husèn tèh katempo aya anu kaluar, nyaèta duit recèh logam ayana kana limana, basa tas sujud rèk terus nangtung tèh. Harita Mang Husèn shalatna teu make baju koko kawas biasana, jigana tèh bahanna rada leueur. “Duit ladang kopi,” ceuk Mang Husèn ngaharèwos ka Mang Sarkum, bari ngasupkeun duit rècèh kana pèsakna. Ti rokaat ka opat nepi ka opat belas mah, shalat tarawèh Mang Sarkum tèh teu pati husu ieuh, sabab nempo leungeun baturna ngan upuy-apay kana pangsujudan waè, bari tuluy ngasupkeun rècèh kana pèsakna waktu keur nangtung. Kituna tèh lain sakali waè, ampir unggal rakaat. “Asupkeun kana gulungan sarung geura ambèh teu murag waè tah duit tèh,” Mang Sarkum ngaharèwos ka tatangga shapna. Dikitukeun tèh, Mang Husèn unggeuk, duit rècèh jeung kertas dibuntelkeun dina sarungna. Ngan kulantaran mulenkeunana loba teuing nepi gulungan sarungna ngajendol pisan, tur sarungna tèh jadi pungsat nepi ka pas handapeun tuur. Lantaran meureun sawaktu ruku asa bèda jeung batur, sarung tèh ditarik deui ka hanadap, atuh burulu duit anu disimpen dina gulungan sarung tèh murag. Untung teu nepi ka ngagorolong, teu kacipta kumaha lamun duit rècèh èta ngagorolong ka hareup, komo nepi ka pangimbaran mah. “Cik atuh urusan dunya mah ulah dibabawa ka masjid, komo ieu mah urang tèh kakara ngamimitian tarawèh,” ceuk sora ti shap tukang rada kenceng. Karèrèt paroman Mang Husèn mani reup geuneuk ray pias, èra, keuheul campur jeung ambek. Katambah ambek nyedek tanaga midek tèa, rumasa salah meureun. Jigana mah tadi saentas buka tèh Mang Husèn kungsi muka warung heula, kusabab dagang kopina tèh di sisi jalan jeung deui geus loba langganana. Sugan kitu ogè, can bèrès pisan nutup warungna kadèngè sora adan. Kulantaran sieun katinggaleun berjamaah (sabab anjeunna kaasup ahli musollah), deregdeg wè indit ka musholla, teu kaburu buras-bèrès ladang dagangna. Ngalaksanakeun puasa anu munggran di tempat Mang Markum aya ku araranèh, mangsa popolah nyiapkeun kadaharan, Bi Emed tatanggana Mang Markum ribut sabab sèèngna leungit aya nu maling, lain èta wungkul deuih, gorobag dorong paragi Mang Pèdèt dagang sayuran anu dititipkeun di gigireun imahna jadi dèplè, sabab rodana aya nu maok. Kabina-bina teuing tah maling tèh. mani teu nempo-nempo heula rèk barangpaok tèh, atawa memang teu boga tetempoan kitu. Sabab gara-gara rodana dicolong Mang Pèdèt kudi balik heula ka lemburna, nèangan duit keur meuli pèlek jeung banna. ceunah mah hargana tèh nepi ka lima ratus rèbueun. Atuh, Bi Emèd ogè teu bisaeun mangninyuhkeun kopi karesep salakina. Ah ku aya-aya waè atuh nya. Tina Jurnal Bogor

Bagea anaking

Bagèa anaking… Hampura bapa… mangsa anjeun datang ukur diamparan kardus karton… jeung tihang beton …. nu ajeg nyangheuy jambatan panjang… tempat kolot anjeun nyangsangkeun badan.. ti wanci ka wanci… Bagèa anaking…. Tong diceungceurikan….. mun harèwos tauhid nyampakkeun… kasaweur ku ramèna sora mobil… jeung sèahna Cihaliwung…. nu kiruh sanajan teu keur caah… Hampura anaking… Mun cisusu indung anjeun… teu saamis indung nu sèjèn… Sabab daharna ukur kakarèn… sisiar tina palang-pulung.. kokorèh na wadah runtah… beubeunangan sakapanggihna…. Anaking jimat awaking… Kabagyaan bapa bakal jadi katunggaraan anjeun… Sabab kocèak anjeun…. karasana tèh bet bangun nu ngajauhan… Les leungit ilang karana.. Dunya asa beuki poèk jeung simpè… Anaking puputon ati… Tong ringrang jeung hariwang… Geus Takdir ti Nu Maha Suci.. mun bapa teu bisa marengan anjeun ngambah kahirupan… du’a bapa bakal ngaping ti kahyangan… geto…mun anjeun geus dewasa… longokan bapa nu nungguan handapeun tangkal samoja. Sanajan kembangna geus muguran.

Jumat, 28 Januari 2011

Paririmbon


Teu ngahaja ulin ka Terminal Bubulak tèh, turun tina Beus Trans Pakuan,anu ACna geus kurang tiis, kalahka naèk kana tangga anu ka terminalkeun. Beunang disebutkeun ukur nuturkeun indung suku. Kayaan di Terminal Bubulak, teu jauh bèda ti baheula, jaman keur nambangan kènèh. Mangsa keur tengah poè, kacida panasna, lamun aya angin nu ngahiliwir tèh, selengseng wè bau hangseur. Sabab loba kènèh supir anu leuwih resep maseuhan banna ku cikiih.
Padahal wewengkon Terminal disadiakeun toilet boh pikeun kahampangan atawa kabeuratan. Kabiasaan kitu tèh jigana geus ngagetih ngadaging, hèsè pisan di robahna. Tapi kètang teu henteu sakabèhna milampah kitu, utamana mah anu , ngajalankeun lima waktu. Pan meureun lamun pareng keur “maseuhan” ban tèh, bisa jadi cai najis tèh kana calana, komo deui lamun nepi ka di kumbahna tah, panakol bedug tèh. Padahal dina salah sahiji hadis disebutkeun yèn anu teu ngumbah laranganana mangsa tas kahampangan, di ahèratna bakal meunang hukuman anu peurih kacida. Sakumaha diriwayatkeun dina Hadist Bukhori ti Ibnu Abbas ra. Anjeunna nyarios, sawaktos Kangjeng Rosul ngalangkungan dua kuburan, mantenna ngadawuh saenyana duanana keur disiksa, jeung duanana henteu disiksa dina kaayaan anu beurat (keur maranèhanana) tapi perkara anu cukup beurat(dosana). Nyaèta salah saurang diantarana, kusabab teu daèkeun meresihan dieina tina cai kahampanganana sorangan, sedeng nu hiji deui sok ngadu-ngadukeun.
Katempo di Beulah Kulon, aya babaturan samangsa keur narik huleng jentul handapeun tangkal bangun nu bingung.
“Kuanon euy bangun nu loba pikran?”cèkèng tèh sanggeus diuk di gigireunana.
“Puguh ti isuk hate, ngan seseblakan wè, kira-kira aya naonnya?”
“Atuh nu kitu mah kudu nempo paririmbon heula,”tèmbal kuring bari seuri.
“Naon tah paririmbon tèh?”
“Pituduh ngeunaan kajadian-kajadian anu aya patalina jeung kahirupan urang, tur tanda-tandana aya di diri urang, misalna seseblakan, kekedutan, ngimpi. Ah pokona mah rèa wè. Ayeuna mah geus arang nu makèkeun. Tah kamari mah mangsa Porkas aya kènèh, anu resep kana angka mah, bogaeun. Cenah mah nèangan rejeki tina ngimpi tèa.”
“Oh, nu kitu. Kuring mah percaya teu percaya tatèh. Lamun pialuseun nya percaya bari didu’aan. Lamun pigorèngeun mah tara dipikiran ieuh. Komo keur mawa mobil mah, matak picilakaeun,”tèmbalna tèh. Paririmbon tèa, sanajan di dunya kiwari beunang disebutkeun katinggaleun jaman, tapi aya kènèh anu mercaya. Tapi sadarna tèh saentas kajadian, misalna mangsa ditinggalkeun maot ku dulurna.
“Paingan atuh kamari euceu ngimpi punglak huntu Beulah handap. Teu sangka adi euceu pondok umurna,” pokna tèh bari rawah-riwih basa dibèjaan ku dulurna nu sèjèn, yèn dina geus maot. Tapi, aya ogè anu nyebutkeun, teu ngimpi-ngimpi acan, basa meunang milik anu gedè tèh. Tah dina paririmbon boh anu basa Sunda atawa basa Jawa, disebutkeun nepi ka saratusna tafsir ngeunaan ngimpi. Misalna ngimpi dibèrè anak, hartina bakal menang harta banda, ngimpi gelut tapi èlèh, meunang kawirang, leumpang dina cucuk, usahana teu hasil, leuleumpangan jauh, bakal panjang umur, jrrd. Ngeunaan ngimpi ieu, sakumaha anu diriwayakeun dina HR Bukhari, ra ti Abu Sa’id Al-Khudri, yèn anjeunna ngadangu Nabi SAW ngadawuh : Lamun salahsaurang diantara maranèh meunang hiji impian anu matak nyenangkeun, saenyana èta tèh ngan ukur ti Allah SWT, kudu buru-buru muji ka Allah kana sagala impianana sarta buru buru ngabèjakeun. Ngan lamun henteu nempo anu kitu, atawa henteu matak nyenangkeun, maka saenyana ngimpi èta ukur ti sètan, buru-buru mènta panyalindungan (taawudz ka Allah) tina kagorènganana, sarta teu meunang dicaritakeun ka batur, maka ngimpi èta moal bakal nyilakakeun (ngamadaratkeun).
“Jadi kudu kumaha atuh?” Ki Sobat nanyakeun.
“Ah, sagalana pasrahkeun wè ka Allah, koncina mah ngadu’a tèa, ngimpi gorèng nyuhunkeun panyalindungan, ngimpi pialuseun, nauhidkeun diri ka Allah. Gampang pan nya. Ayeuna mah mending usaha jeung usolli. Sabab pikeun urang kieu mah, naon deui atuh. Beunghar henteu, kawajiban ditinggalkeun, rugi duanana hirup di dunya tèh lamun kitu mah nya.”
“Satuju euy, tibatan ngagugulung nu teu puguh, mending paririmbonna Al Qur’an, jeung Al Hadist nya.”
(tina : jurnal Bogor)

Selasa, 25 Januari 2011

STGB Kawinna Islam jeung Wiwitan?

Foto : Kalakay Jasinga
Sèrèn Taun Guru Bumi (STGB) Ahad kamari rèngsè, ditutup ku majikeun parè indung jeung bapa ka Leuit Inten ku Rama jeung Ambu dituluykeun ku nu sèjènna, boh gegedèn atawa inohong ti jajaran pamarèntahan Kabupatèn Bogor. Sèrèn Taun Guru Bumi anu dilumangsungkeun dina taun ieu (mun teu salah anu ka 5), pikeun kuring mibanda harti anu husus, dibandingkeun jeung samèmèhna, (teuing pèdah samèmèhna mah ukur nyèrangkeun ti kajauhan). Kitu sotèh sanggeus ngobrol jeung sababataha urang anu ilubiung aktif dina acara èta. Diantarana jeung Kang Ujang Hutomi anu ku Rama Maki dilandi Si Bungsu.
Si Bungsu tèh hariweusweus, meredih kuring sina nempoan dongdangna. Saliwat mah taya nu anèh sabab eusina tèh ukur lalaban, tapi saentas ditempokeun naon anu aya di handapna, rada ngahuleng ogè, komo basa dicaritakeun yèn eusina tèh mangrupa siloka kahirupan manusa di alam dunya.
“Numatak ulah ditingali luarna wungkul kang,”pokna tèh bari nataan barang-barang anu aya dina dongdang bagèan handap. Di jerona aya sangu anu hartina bekel hirup, aya cai siloka tina sumber kahirupan, daun tujuh lapis perlambang poè tèh aya tujuh, lalab genep rupa ngagambarkeu yèn Rukun Iman aya genep, pais lauk emas lima siki, ngajirimkeun Rukun Islam, ogè aya lauk asin jumlah 20 siki, mertèlakeu sifat-sifat Nu Maha Kawasa anu duapuluh, samangka hiji, negeskeun yèn kaimanan ka Allah tèh kudu buleud.
“Tah ieu tèh sabenerna ngagambarkeun papatah ti Abah ka anak-anak Abah,” ceuk Kang Ujang bari diaminan ku Abah Nadja, sepuhna. Dongdang anu digarotong dina cara èta tèh kabèh ogè ngandung ajaran pikeun kahirupan, sakumaha anu diajarkeun ku para karuhunna. Kawas patung semar anu aya dina dongdangan abah Nalaktak. Semar perlambang jalma anu alus hatèna, jembar pangartina, hirupna basajan tur ngahiji jeung rahayat.
“Tah imah Lurah Semar tèh nepi ka kiwari can anggeus pernahna di Batutulis,”pokna tèh. Salian ti nyebutkeun Semar imahna can anggeus ogè nyabutkeun yèn kawah Candradimukana Gatot Kaca aya di wewengkon Gunung Salak. Palebah dieu mah terus terang wè teu katepi ku kuring mah, jeung hanjakal waktu pikeun ngorèhanana samporèt pisan. Dina dongdang beunang rombongan Kang Marin anu luhurna ijuk jeung parè, tètèla aya silokana. Parè ngalambangkeun Nyi Sri Sari Pohaci anu mangrupa sumber kahirupan urang dinya, sedeng ijuk anu asalna tina tangkal kawung, cicirèn yèn baheulana di wewengkon Pajajaran loba tangkal kawung.
Ayana campuran antara budaya wiwitan jeung kaislaman anu disimbolkeun dina dondang jeung eusi-eusi acara anu nyungsuman Sèrèn Taun Guru Bumi di Sindangbarang tèh kajawab ku Kang Ukat, anu jadi pupuhu kaamanan. Saurna, saentas Istana Pajajaran “burak” kitu ogè kampung Sindangbarang Puun anu aya di wewengkon dinya, milu “tilelep”. Teu lami sumping Embah Jamaka ti Cirebon anu nyandak ajaran islam nepangan Eyang Saca Manggala. Dua kasepuhan ieu tèh mufakat pikeun mohokeun kajadian-kajadian anu kantos tumiba, sarta paheuyeuk-heuyeuk lengeun pikeun ngawangun kampung anyar.
“Tah Kampung èta tèh dinamian Babakan Lembur Tonggoh, kahirupanana Islami, budayana Sunda Wiwitan,” saurna. Numatak henteu anèh lamun Sèrèn Taun Guru Bumi anu di Sindangbarang rada bèda jeung di kampung budaya anu sèjènna. Malah lain ngan èta wungkul, di Sindangbarang tèh kabagi dua bagèan, antara kadunyaan (diguyuran ku haliah dunya) jeung tempat tafakur.
Leupas ti pasualan èta, aya hiji “kaanèhan” anu bener-bener nyata tur perlu dititènan. Sakumaha dikanyahokeun, kayaaan di wewengkon èta geus jadi wewengkon umum, lain kampung budaya kawas di tempat-tempat sèjèn kayaning di Kampung Urug, Cipta Gelar, Sukabumi, Banten Kidul, Kampung Naga, jrrd. Samangsa Rama Maki, mèrèdih sangkan nyadiakeun dongdang tèh, prung wè ragem pada ngalaksanakeun, marakè waragad sèwang-sèwangan. Hartina aya kasadaran budaya anu kacida ngaronjatna, atawa aya kasono ka para pamingpin anu kawas baheula kitu ? Sabab lamun datanngna ti pihak “sèjèn” mah tandawuru kitu tatèh. Naha ieu tèh cicirèn budaya (urang) Sunda keur nguniang hudang kitu? Wallohualam bissawab !
(Tina Jurnal Bogor)

STGB Kawinna Islam jeung Sunda Wiwitan ?

Foto : Kalakay Jasinga
Sèrèn Taun anu kalima kalina dilaksanakeun ku KBS kalayan alpukahna Kang Achmad Mikami Sumawijaya, atawa Rama Maki, anu kawilang suksès, tur pada ngajugjug, nepi ka didatangan ku rèbuan jalma ti mamana, kaasup urang bulè, teu leupas ti paniatan, tèkad jeung kuatna pamadegan Rama Maki, anu keukeuh peuteukeuh hayang Ngarèvitalisasi (Ngahudangligarkeun) budaya anu geus pernah aya 40 taun kaliwat, malah boa, samèmèhna ogè geus aya. Mangsa rèk dimimitian, tur dilaksanakeunana di lapangan sakola dasar, teu saeutik anu kurang panuju. Lain waè ti masarakat satempat, anu kurang pati apal kana kabeungharan budaya, ogè kurang ngartieun naon anu dimaksud Sèrèn Taun, malah loba diantara para panitèn budaya jeung inohong anu ngajarèbian. Tong disebutkeun saha-sahana mah, sabab sarua jeung ngaliarkeun taleus ateul. Keun wè urang teuleum di handieum sieum, urang tunda di hanjuang siang, ulah kudu ditèang deui nya.
Salah sahijina anu dijadikeun pasualan tèh acara “sakèboeun” nyaèta nguburkeun, tanduk jeung kuku suku kèbo anu mèmang tara di dahar. Saentas pada apal yèn anu dikuburkeun tèh lain hulu munding, nyaèta barang-barang anu mèmang sakuduna dipiceun, kakara rada ngurangan tah anu teu panujueun tèh. Tapi teu cukup nepi ka dinya, aya ogè anu ngahujuh-hujuh sangkan anu dikuburkeun tèh lain anu disebutkeun di luhur. Tapi kudu hulu munding tèa.
Sababaraha taun kaliwat, mun teu salah mangsa harita rèk Sèrèn Taun anu kaduakalina, kuring jeung Rama Maki keur ngobrol di bumina, salah saurang anak buahna nepungan yèn aya tamu anu perlu pisan nepungan anjeunna. Tah èta utusan anu tliuan tèh katitipan pèsèn ti salah sahiji kolot (duka saha) anu harita keur kaancikan (teuing saha). Eta utusan tèh mèrèdih sangkan anu dikuburkeun tèh hulu munding cenah. Tapi ku Rama Maki teu gugu ieuh, isukna mangsa Sèrèn Taun Guru Bumi dilaksanakeun, angger wè, ukur sakeboeun.
“Lamun diturutkeun cilaka, bisa jadi pasalisih faham jeung kasepuhan atawa ulama di dieu,”saurma daria. Ayana kabiasaan kolot atawa karuhun urang anu disebut-sebut Sunda Wiwitan dina prak-prakan ngalaksanakeun syarèat islam (diantarana beubeuleuman), teu leupas tina kasangtukang jeung kanyataan anu aya yèn bangsa urang (Sunda) geus mibanda kapercayaan atawa kayakinan (bisa ogè budaya) samèmèh sumebarna islam di nagara urang. Lain èta wè kètang, dalah aya diantara wali anu nyebarkeun agama Islam ngaliwatan budaya anu aya, diantarana ku seni (wayang) boh wayang golèk atawa wayang kulit. Nepikeun ka cenah, anu hayang nongton ogè lain ku duit iyeuh mayarna tèh, tapi ku dua kalimah sahadat. Ceuk sabagèan dalang sepuh, mertèlakeun yèn Jimat Layang Kalimusada tèh, asal kecapna dua kalimah sahadat. Tah, diantarana urusan beubeuleuman tèh (meuleum menyan, stanggi) cenah mah “warisan” ti agama Sunda Wiwitan atawa Hindu ?
Tapi lamun tèa mah rèk “diislamkeun” tèa mah, taya salahna ieuh, sabab ceuk agama ogè, amal-amalan tèh gumantung kana niat. Jadi meueum anu kararitu tèh, nya niatkeun wè keur nyeungitan rohangan, pan Allah mah resepeun pisan ka nu sarareungit tèh. Rarasaan leuwih alus tibatan nyemprot ruangan ambèh seungit tapi dibantuan ku alkohol nya. Tapi kètang èta mah balik deui ka pribadi sèwang-sèwangan.
Balik deui ka Sèrèn Taun Guru Bumi, sakumaha anu dijèlaskeun samèmèhna, di Kampung Sindangbarang, pan ayeuna mah masjid tèh sakitu agrèngna, malah mun teu salah Kang Achmad Mikami Sumawijaya, jadi salah saurang pangurusna. Kahirupan di tempat èta, kumaha wè kahirupan agama Islam di tempat sèjènna, loba pangajian (boh keur kaum rumaja, ibu-ibu atawa bapa-bapana), lain waè, masjid tapi musholla ogè rèa pisan. Jadi lamun nitènan kana Sèrèn Taun anu geus dilumangsungkeun salila lima kali teu eureun-eureun di KBS, balaka wè, kuring mah reueus jeung ngacungkeun jempol sadua-dua ka Ki Maki tèh. Nonoman ngora, budayawan Sunda anu geus bisa ngawinkeun antara “dua alam” dina hiji kabeungharan budaya. Hal anu kacida arangna, dilakonan ku nonoman ngora anu lolobana katalimbeng ku budaya deungeun. Lamun kitu, mana cing anu leuwih alus?
Tina Jurnal Bogor

Minggu, 16 Januari 2011

Basa Teh


Lantaran geus lila teu kapanggih jeung Ki Tatang, dulurna Ki Madi tèa, kuring ngahajakeun ulin ka warungna, maksudna mah rèk nanyakeun kaayaan istrina anu kamari sempet dirawat di rumah sakit. Kasampak tèh keur ngahuleng bangun nu loba kabingung.
“Kumaha, Nini tèh Ki, parantos sèhat?”cèkèng tèh bari song ngajak sasalaman.
“Alhamdulillah tos wangsul deui ka rorompok, dileukeunan dirawat di rorompok wè, paling ogè mun perlu berobat jalan,”jawabna tèh, pasamonana angger teu robah, bangun nu keur bingung kènèh.
“Geuning Aki katingalna masih kènèh bingung?”.
“Ari urusan pamajikan mah lah geus dipasrahkeun wè ka Nu Maha Kawasa, da eukeur ieuh disarèatan. Ngan sawaktu di rumah sakit tèh aya urusan anu nepi ka ayeuna angger kapikiran?”
“Su’al naon tah Ki, katingalina mani daria pisan?” kuring panasaran.
Derekdek wè anjeunna nyaritakeun pangalamanana mangsa keur nungguan istrina di rumah sakit.
Hiji waktu, basa keur nungguan istrina, aya hiji lalaki anu sarua keur nungguan pasièn malah anakna pisan, nyampeurkeun ngajak ngobrol, kituna mah tamba kesel. Dina dangdanana jeung cara ngomongna, kuring bisa mastikeun lamun èta lalaki tèh, ti golongan jalma aya jeung mibanda kasangtukang pendidikan anu luhur. Mimitina mah anu diobrolkeun tèh, urusan panyakit anakna, tungtungna mah nyasar kana budaya Sunda, hususna ngeunaan basa.
“Tah, tah kumaha Ki?”
“Enya anjeunna naroskeun ka Aki, naha yakin lamun basa Sunda dina lima puluh taun ka hareup aya kènèh anu ngagunakeun?”
“Waler Aki kumaha?”
“Asa kurang yakin, sabab ti ayeuna kènèh anu makè basa Sunda tèh geus ngurangan, barudak ngora urang dina kahirupan sapopoèna geus tara marakè basa Sunda. Eta sepuh tèh, ngaaminan.” Malah saur anjeunna, salah sahiji panyababna tèh ayana dina basa Sunda sorangan. Lamun ditanya, panyababna teu ngagunakeun basa Sunda, jawabanana sarua, boh para pangagung, para pajabat, atawa barudak ngora, pasti sieu salah, atawa hèsè kusabab aya undak usuk basa tèa. Sagala pasualan, saur anjeunna, geus pasti bakal aya jalan kaluarna, lamun kapanggih panyabab atawa kasangtukangna. Sarèrèa ogè pada nyaho, yèn panyababna tèh kulantaran aya undak-usuk basa, anu nyababkeun jalma jadi embungeun makè, sarta hèsè ngagunakeunana.
“Tah lamun geus kanyahoan kitu, maenya teu kapanggih kumaha cara ngungkulanana,” saur Aki Tatang nirukeun caritaan èta sepuh tèa. Diantarana, ngaleungitkeun undak-usuk basa anu dianggap salila ieu jadi panyabab utamana. Sabab, basa Sunda anu ku urang digunakeun tèh sasatna basa anu loba kapangaruhan ku basa Mataram. Jadi lamun tèa mah nèangan basa Sunda nu asli nya basa Sunda anu lumaku di Bogor.
“Atuh lamun kitu mah lain ogè basa Sunda anu pinuh ku tatakrama jeung aturan tur mibanda ajèn inajèn anu luhung,Ki,”kuring mairan.
“Tah èta patanyaan èta ogè ku Aki ditanyakeun ka anjeunna.”
“Teras walerna kumaha Ki?”
“Anjeunna malik nanya, naha urang rèk angger ngagugulung undak-usuk basa, bari nyaho yèn dina hiji waktu bakal taya anu ngagunakeun deui, atawa nyieun kaputusan anu kawilang wani, tapi lèngkah ieu bakal nyalametkeun basa Sunda ka hareup.” Dumasar kana katerangan salah sahiji lembaga di PBB nyaèta, Unesco, unggal poèna aya sapuluh nepi ka saratusna, basa indung anu carem, nungtut laleungitan. Tah lamun ti ayeuna taya kaputusan ngeunaan èta, tur salawasna urang hoghag dina urusan undak-usuk basa, kaburu pareum tah basa urang. Sabab sidik pisan panyababna tèh èta pisan. Kitu ogè aya nu nyebutkeun yèn anu ngagunakeun basa Sunda yeuna ukur 20 persèn. Carana mah, para gegedèn, inohong kudu nyieun kaputusan sawaktu Kongrès Basa Sunda, sarta diumumkeun ka sarèrèa.
“Apal henteu yèn moto basa cicirèn bangsa tèh lain beunang pituin urang Sunda, numutkeun Kang Ayip mah tarjamahan tina basa Malayu, bangsa di dinya lain hartina suku atawa sèkèsèler tapi bangsawan di urang mah mènak meureunnya.”
“Euh kitu nya, mangkaning kuring remen ngagunakeun tah,”
“Ari alus ma teu nanaon, ulah èra-èra. Kitu ogè lamun gorèng, ulah sieun-sieun piceun wè.”
(Lembur Urang/Jurnal Bogor)